Biasa lah Kang Rachmat ari dinten senen mah sok tiiseun, sepi...
meh haneuteun, ngaduruk bumi wae kitu ? 
hi hi hi

-dul-

--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Biasana KUSnet rame, tapi senen ieu, mani tiiseun
> pisan. Sigana weureu nongton maenbal  di SCTV.
> 
> Ngahaja, dijudulan "waspada", siga status kaayaan
> gunung Merapi (waspada, siaga, awas), pikeun anu
> ngongton maenbal di televisi SCTV. Utamana mah ka
> juragan spongsor utamana (juragan Djarum). Sok sanajan
> heunteu ngagambarkeun jalma nu udud. Tapi saolah-olah
> ngabenerkeun atawa ngalegalkeun olahraga jeung udud
> teh heunteu "bertentangan". Punten nya, ieu mah sanes
> bade nyinggung ka para "ududer" (perokok). Da sadaya
> oge tos terang atuh kana bahaya udud.(bahuela kuring
> tos ngirimkeun sajak-sajak Taufik Ismail, bahayana
> udud). Ku nyaponsoran tayangan piala dunia, sigana
> hiji kasempetan pikeun pausahaan udud, nunjukkeun
> eksistensina, sok sanajan ayeuna diwatesan pikeun
> jalma-jalam anu rek udud di tempat umum, hususna DKI
> Jakarta.
> 
> Sigana wae,anu duitna panglobana ngan pausahaan udud.
> Padahal mah, sabenerna masarakat pikeun ngadanaan hiji
> kagiatan pasti mampuna, buktina dompet amal di
> televisi jeung media sejenna sanggup ngumpulkeun dana
> nepi ka milyaran rupiah. Koncina mah pola pikir
> masyarakat/pamarentah urang anu teu "sehat".
> Titenan, iklan-iklan anu ngajegir di sabudereun
> lapangan tempat maenbal digelar, teu aya iklan rokona.
> Nya kitu oge tingali sirkuit atawa mobil/motor tempat
> grand prix digelar, teu katingali deui aya iklan udud.
> Ari di urang mani sabalikna, da pola pikirna masih can
> sehat. Jadi iraha atuh urang rek sehat bisa ngawangun
> bangsa jeung boga para pamong anu ngurus nagara boga
> pikiran jeung akal sehat?
> 
> 
> baktos,
> 
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke