kang ikmal, aya meri hayang diajar ngojay yeuh. sugan  we jadi juara asian games di katar. biasa we make elmu permeureunan, bisa ngojay meureun, bener meureun.
 
----------------------
On 6/15/06, ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
.....................
Pangbedakeun kécap dihandap naon hartina/ maksudna, jeung jieun conto dilarapkeun dina kalimah anu merénah, kecap :
  1. ceurik rambisak : rambisak sok dilarapkeun ka kaluarna cipanon, meureun ceurik rambisak mah ceurik bari dibaturan kaluarna cipanon, heu heu heu aya teu ceurik tanpa cipanon?
  2. ceurik eurih-euriheun : wanda ceurik lamun kanyeunyeurian, ceurikna jiga nu embung deuih, dipeugeug teu budal kabeh. biasana dibarengan ku turun naekna taktak.
  3. ceurik ngabangingik : wanda ceurik lamun sedih, sorana "ngik-ngikan" (laun, leutik tapi atra kadengena)
  4. ségruk ceurik/ ceurik nyégruk : segruk mah asana kecap panganteur tina ceurik, jiga ber keur lumpat
  5. ceurik ngageuri :wanda ceurik lamun sedih ditinggalkeun ku nu dipikanyaah
  6. ceurik gagauran : wanda ceurik bari gogorowokan, atawa gegerewekan, atawa gagarawakan henteu guguruwukan, gigiriwikan jeung geugeureuweukan mah.
  7. dareuda : nyarita anca sora ngageleter semu peura/ parau (indonesa) biasana sangges ceurik... atawa keur sedih.
  8. eur-eur : (nembe ngadangu) janten nya teu apal
  9. jénger : sorana leutik tapi tarik, ampir jiga sora turaes.
  10. imut kanjut : imut siga nu embung imut, juru biwir teu melengkung sampurna tapi kariput jiga kanjut ha ha ha ha ampir jiga keom
  11. imut ngagelényu : imut nu pangalusna, imut nu ihlas....
  12. keom : imut bari semu era
  13. seuri ngagalakgak/ ngagakgak : seuri ngahahah/ sorana tarik
  14. seuri mawur : seuri campur sedih
  15. seuri konéng : seuri era
  16. nyéréngéh : sahandapeun seuri, teu soraan, saluhureun imut (imut nu katingali huntu)
...............
 
aya deui ngabelehem jeung leweh, naon tah hartina?
 
sakitu meureun,
 
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke