|
Inget ka kecap eta, pas mimiti asup gawe dititah
ngetik "Daftar" nu diketik teh kalahka "Daptar" atuh babaturan gawe urang padang langsung ngomong semu nu keuheul "dasar
sunda!" Dikitukeun teh uing teu ambek malahan asa
atoh yen seler batur ge geus apaleun, yen sipat, tabiat urang sunda sok
dibawa kasagala pasualan kaasup kapagawean. Ngan lamun kecap eta dihartikeun
"kampungan" kakara mudigdig keuheul. Anu can kadenge teh seler batur ngucapkeun
"Sunda Luh!" anu sipatna ngajejeleh atawa nganggap goreng, saperti lamun urang
ngomong ka seler batur ku nyebut "Jawa luh!" atawa "Batak luh!" ( punten sanes
sara, da ieu mah conto ).
Kang Ikmals punten dina sapalih seratana aya kecap
nu pahili janten asa ngabayangkeun urang batak nuju nyarios sunda he
he...sapertos kecap
Éncan, kécap, nyégruk, jénger , léntong, wéwéngkon, panginten nu dimaksadna
mah Encan, kecap, nyegruk, jengér , lentong, wewengkon. Enya kadang
ngabentenkeunna sok rada sesah, kedah digerendengkeun heula samemeh
nyerat, hayu atuh urang sami sami diajar.
Baheula mun ulin ka bandung supir angkot sok aya nu
ngajorowok lédéng.....lédéng.....lédéng.....iji déi...iji déi ! duka ayeuna
mah.
sr
----- Original Message -----
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] DASAR SUNDA!! Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] DASAR SUNDA!! mj
- Re: [Urang Sunda] DASAR SUNDA!! kumincir
- Re: [Urang Sunda] DASAR SUNDA!! sr

