ngiring mairan ach leres kang padumukuan na teh aya di bogor di 
wilayah tajur nyaeta cenah kaisar na teh budak leutik keneh cenah deui 
keur sakola. Tah mun nu kamari ditewak mah eta di daerah malabar 
cakeut sareng kost-an abdi plaing 500 meteran. Tah ieu aya pangalamana 
deui, basa kamari poe saptu di ciomas bogor di padepokan GS sapertos 
biasa aya lalaki nigrik manehna kitu ngakukeun ti SN malihan manehna 
datang ka Sindangbarang teh cenah aya UGA(urusan Gaib) ti Eyang Prabu 
Siliwangi (cenah) kudu datang ka manehna (teuing pedah bakal aya tim 
survey ti UI nu bakal ngalolakeun Situs di SBR tea), tah manehna kitu 
weh ngajak2 asup ka SN jeung na deui biasa cenah si kaisar na nu 
leutik teh keur perlu biaya keur sakola, malihan ku rerencangan 
didinya di tanya ke mun papendak deui jueng Eyang Prabu Siliwangi , 
pangmilarikeun daerah .. teh dimana, Tah kitu, jeung aya ngeunaan 
ngabahas KUJANG ceuk manehna KUJANG teh asal kecap na pek ieu bawa KU 
- UJANG ... , jeung deui Anggota SN teh kanggtos ngadongkapan 
Budayawan Sunda di Sukabumi jeung Sejarahwan Bogor nya ari carita na 
mah sarua ngajak2 asup SN jeung manehna malihan nyembah ka eta Inohong 
teh cenah ceuk utusan SN teh yen si Inohong teh turunan Prabu 
Siliwangi ku kitu ba kudu pihormat nya ari Si Inohong mah gogodeg 
(kawas di wayang wae kudu nyembah jueng deui si utusan ti SN teh 
mamawa tongkat).. heueehue aya-aya wae, ceuk Paek Eman Sulaeman mah 
dinu Wangsit Siliwangi aya nu nyebatkeun ".. Isukan Jabaning Pageto 
Bakal aya nu mapay-mapay tapak Ngaing Tapi mapayna bari Edan ..."

Wassalam
Yayan
> Sampurasun, Lur
>   Punten ah kuring rek ngaguar pangalaman sababaraha taun ka tukang, 
nu aya patula patalina jeung Nagara Sunda Nusantara. Hiji poe, keur 
ereng-erengan, datang lalaki ka kantor kuring. Umurna kira-kira 50 
taunan, pangawakanana rada leutik, kulit bodas, geus huisan. Manehna 
mamawa map warna beureum nu geus rada kucel.
>   Gancangna carita, si tamu teh terus ngocoblak ngeunaan  kasundaan, 
kaasup pasualan karajaan Sunda di Nusantara. Cenah ceuk manehna, 
wilayah karajaan Sunda nepi ka ayeuna teh aya keneh secara hukum mah. 
Sabab euweuh pernyataan atau fakta nu nyebutkeun wilayah karajaan ieu 
ditalukeun ku kumpeni atau NKRI.
>   Legana mah, cenah, bisa kaukur ku ngaran-ngaran saperti Selat 
Sunda atawa Kepulauan Sunda Besar jeung Sunda Kecil dina peta. 
>   Malah nepi ka ayeuna masih keneh aya katurunan karajaan Sunda nu 
miara wasiat, kabiasaan2, jeung sagala rupa nu nyangkut karajaan. Ngan 
lantaran alesan kaamanan, eta pewaris karajaan teh can bisa laluasa 
muncul di tengah masyarakat.
>   Padumukanana mah di Bogor. "Mun bapak bade ka ditu mah, hayu ku 
abdi dianteur. Mung kedah rerencepan pisan. Margi mun kapendak ku 
aparat mah tangtos eta katurunan raja teh ditewak," ceuk si tamu.
>   Malah mah, keur disusun gugatan hukum ka pamarentah Indonesia. 
Materi gugatanana, pamarentah RI dituduh geus nyaplok wilayah karajaan 
Sunda. Aya dua pilihan nu rek diajukeun: mulangkeun deui sakabeh 
wilayah karajaan, atawa mere ganti rugi nu satimpal ka para pewaris 
kerajaan. Manehna nempokeun sababaraha lambar kertas nu eusina gugatan 
ka pamarentah RI tea.
>   Saterusna, si tamu nempokeun satumpuk dokumen nu aya segelan, 
kertasna alus. Cenah eta teh dokumen  mertelakeun pakaya karajaan 
Sunda nu disimpen di bank-bank Swiss, mangrupa emas batangan. Oge aya 
dokumen nu mertelakeun soal pewaris karajaan Sunda tea. 
>   Tapi basa kuring rek motokopi atawa nyalin eta dokumen, ku 
manenhna dilarang. Malah mah eta dokumen gancang diasupkeun deui kana 
map beureum. Ceuk manehna, teu perlu ditulis sagala. Nu penting mah 
papanggih heula bae jeung katurunan karajaan di Bogor. Engke bisa 
ngobrol, wawancara sapuasna. 
>   Tapi ajakan si tamu ku kuring teu ditedunan. Sababaraha kali 
manehna nelpon. Tapi kuring tetep hoream indit. Ceuk pipikiran, ieu 
mah jijeunan wungkul. Hayang ngaramekuen wungkul.
>   Tah eta pangalaman teh asa kaguar deui, waktu aya rame-rame soal 
Sunda Nusantara tea. Sababaraha urang pan ditewakan ku aparat. Naha 
obrolan si tamu teh sarua kitu jeung konsep "Sunda Nusantara"? Wallahu 
'alam.
>    
>   Wassalam
>   ESS
> 
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Sports Fantasy Football '06 - Go with the leader. Start your 
league today!
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
At VolunteerMatch, any nonprofit can recruit enthusiastic volunteers right away!
http://us.click.yahoo.com/DnDZbC/8OaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke