Mangkeluk mah carogena Bikeluk..

Ari ngobrolkeun sabangsaning jujurigan teh sok bari luak
lieuk, komo tipeuting mah. Asa maruringkak bulu punduk teh.
eh...
kunaon c'nah bulu punduk teh sok harudang ari aya kakeueung ?
soalna, dina pundukna teu aya korsih...
hi hi..

soal jujurigan, salian ti Kunti, genderuwo, jurig jarian,
Kelong (kalong wewe meureun), aya oge sabangsaning siluman
nu aya dina cai, setu atawa walungan.

Baheula mah dilembur kuring, dina setu teh sok loba
jelma leungit, nepi ka munding oge sok leungit mun keur ancrub
kana setu teh. Cenah mah sok dikerekeb ku Gulang-Gulang.
Rupana jiga samak nu diamparkeun na luhur cai, tah mun aya
jelma atawa sato ngadeukeutan, eta samak teh ujug2 ngagulung
jelma atawa sato, tuluy dibawa ka jero setu.
sabaraha poe karek mayitna mucunghul deui..
Nu matak, aya kapercayaan mun dina poe-poe tertentu teu meunang
liwat ka setu eta, komo ancrub mah.
Tapi teuing bener henteuna mah, da eta mah ceunah jeung baruk.


-dul-
tukang teuing


--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Mangkeluk..saur cenah asalna tina mahluk, namung husus kanggo figur 
anu teu dipikaresep, figur anu dipikaceuceub, contona : "Sahana 
mangkelukna nu maling hayam teh...??"
>   Ieu mah saur cenah oge ;
>   1. Kunti, jurigna istri anu maot kakandungan
>   2. Ipri, jurig anu mangrupi oray (Jurig Oray), sok dipuja kunu 
nyiar kabeungharan
>   3. Buta Hejo, jurig anu mangrupa buta (raksasa) hejo, sok dipuja 
kujalma anu nyiar kabeungharan
>   4. Dedemit, jurig anu aya/hirup dileuweung
>   5. Poho ...., tah nu ieu mah sifat manusa umumna ( 
heuheuheu.............)
>   6. Onom, jurig nu aya/hirup dirawa...
>   7. Siluman (Siluman sileman), jurig nu aya di leuweung/talaga 
(manawi)
>   8. Jurig, sabangsa jin 
>   9. Ririwa, ieu oge sabangsa jurig dilembur.. 
>   Aya keneh kitu......??
>    
>   Duka teh teuing.......sugan kitu oge heuheuheu....
>    
>   ssw
>   
> 
> Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED]
>           baraya,
>   hih.. cikeneh macaan ruangbacana korantempo bulan januari ngulas 
ngeunaan buku-buku fiksi pangarang indonesia nu ngalokalkeun buku-
buku karangan jrr tolkien, jk rowling, cs lewis jrrd. ngan masih cek 
ruangbaca cenah masih belang, malah dina ahir ulasanna nyebut kieu : 
>   Jadilah kisah fantasi yang "belang-belang," atau sebagaimana yang 
dicurigai oleh Roberts sebagai "tidak mengarah kemana pun, tidak 
berpijak pada apa pun, dan tidak menceritakan apa pun kecuali fantasi 
tanpa kendali." salah sahiji nu jadi lantaran, pangarang lokal masih 
make ngaran mangkeluk luar tapi seting campur jeung ngaran lokal. tah 
kulantaran eta simkuring jadi panasaran (aya tanda tanya gede dina 
hate) hayang nyaho ngaran mangkeluk dina mitologi lokal khususna dina 
budaya sunda. keur leutik pernah ngadenge ngaran2 ieu: 
>     
>    kunti  
>    ipri  
>    buta hejo  
>    dedemit  
>    poho...
>   sanggeus maca nopel mj nambahan onom... cing aya nu sanes?
>   salam,
>   dh
> 
> 
>      
>     
> 
>    
> 
> 
> 
> 
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Invest in renewable energy projects worldwide to combat global warming.
http://us.click.yahoo.com/fhDZaC/FPaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke