Halaaahhh... punten paliron sareng kecap sanes....
Leres neng Dini....!!!!,
kabiruyungan mah sami sareng "laksana", kauntun tipung katambang beas...
Punten para wargi....
heuheuheu...ma'lum ieu sirah masih Pentium hiji.....
 
ssw


Dina Yuliana [EMAIL PROTECTED]
sami kuring oge sabulang bentor yeuh.
ari sapangemutan mah, kabiruyungan teh tinekanan, 'tercapai' maksud
anu dicita- cita. pedah sering nguping 'kabiruyungan ka bale
nyungcung'.
Beu, boa-boa salami ieu lepat yeuh...

Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED]com
Waalaikum salam wr. wb.
Punten ngawalerna sabulangbentor yeuh...., ma'lum teu gaduh referensi nanaon
teu kamus teu pabetekan
mung saaya-aya anu nempel dina emutan anu tos ampir pinuh memorina.
Kabiruyungan memang ampir sami sareng kabungbulengan...
bentenna kabungbulengan ku jalmi anyar/nembe tepang.
kabiruyungan : kabungbulengan ku jalmi anu tos wanoh lami.
kabiruyungan = sono anu liwat saking.

Punten upami lepat........., nyuhunkeun tulung pang lereskeun...
ssw