Sederhanana mah : kabiruyungan = kabeneran, meunangkeun hiji hal anu
teu disangka-sangka; anapon kabubungbulengan = kaedanan atawa
kagegeloan.

manAR

On 6/20/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan, Apih...
>
>   Upami teu lepat mah "kabiruyungan" sareng "kabungbulengan" teh bénten
> pisan hartosna téh. Kecap "kabiruyungan" biasana ngantét sareng kecap
> "meunang bagja" (malah sakapeung mah sareng kecap "kagunturan madu").
> Contona: tiasa tepang sareng anu lami kapidangdam (sakumaha anu  dicontokeun
> ku Apih), janten juara, ssté.
>
>   Nanging "kabubungbulengan" mah hartosna téh "poékeun"  (lupa diri,  Ind.).
> Contona sapertos Néng Nia kabungbulengan ku Jang Sapri (di dieu  sababna teh
> "memendam rindu"), Mang Lamsijan kebungbulengan ku nomer  buntut, Bi Asih
> kabungbulengan dikantun pupus ku carogéna.
>
>   Manawi, kitu oge Pih...
>
>   Baktos,
>   AJ
>
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Waalaikum salam wr. wb.
>   Punten ngawalerna sabulangbentor yeuh...., ma'lum teu gaduh referensi
> nanaon teu kamus teu pabetekan
>   mung saaya-aya anu nempel dina emutan anu tos ampir pinuh memorina.
>   Kabiruyungan memang ampir sami sareng kabungbulengan...
>   bentenna kabungbulengan ku jalmi anyar/nembe tepang.
>   kabiruyungan : kabungbulengan ku jalmi anu tos wanoh lami.
>   kabiruyungan = sono anu liwat saking.
>
>   Punten upami lepat........., nyuhunkeun tulung pang lereskeun...
>
>   ssw
>
>
>   Apri" [EMAIL PROTECTED]
>           Assalaamu'alaykum wr.wb,
> Punten baraya, abdi teh bade tumaros. Numawi aya nu terang, hartosna kecap
> "kabiruyungan".
> Abdi teh nuju ngadangukeun .mp3 na bu Hetty, ari pek teh aya lirik:
> "duh engkang, abdi kabiruyungan".
> Naha hartosna teh sami sareng "kabungbulengan"?
> Hatur nuhun kana bantosanna.
> wassalam,
> Apri
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>
>
>
>
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Everyone is raving about the  all-new Yahoo! Mail Beta.
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/U0DZdC/lOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke