Wanda aranna teh. Kuring wawuh gara-gara kulkas di imah rusak, maklum umurna geus 10 taun. Nya nelepon ka toko nu ngajualna, dibejaan aya tukang reparasi cenah, aranna teh Wanda. Ku pamajikan di telepon. Jam 10 peuting kakara mucunghul, uprak-oprek, onderdil nu rusak dicabutan. Ceuk manehna teh : "Kedah meser heula Pa, ngan ayeuna mah geus wengi, enjing we, abdi ka dieu deui".
Teu bisa kukumaha, nya diheueuhkeun we. Isukna manehna datang. Terus ngomean kulkas, ditungguan ku kuring. Bari ngoprek kulkas, manehna ngajak ngobrol, nanya ka kuring: " Bapa ngawulang nya?" Ceuk kuring teh :"Ah sok nyayahonan, lain sayah mah lain guru atawa dosen, biasa we kuli" Si Wanda nanya tetelepek, didamel dimana, ari ibu (pamajikan kuring) didamelna dimana, nya kapaksa we dijawab, tamba euweuh obrolkeuneun. Sigana mah acan keneh wareg tatanyana teh, nanya deui :" Ari bapa kawit timana?" "Ti Sumedang", ceuk kuring. "Menak sigana mah nya bapa teh, gaduh wargi di gunung Puyuh*)?" Ceuk kuring teh," Ah sok sayong, lain kuring mah lain menak, anak patani di lembur" "Ah sigana mah gaduh rundayan, ti Embah Tajimalela!" Ya...ampun ieu tambah ngacapruk. Kapaksa ku kuring diterangkeun, kuring mah urang lembur di tutugan Tampomas. Lain turunan menak. Manehna unggut-unggutan. Tapi terus ngomongna teh nambahan: "Pa, sigana Indonesia teh bakal maju, lamun presidenna urang Sunda!" "Nya duka teuing, atuh, sayah mah teu terang" Manehna merong ka ku kuring: " Ih sing percanten ka abdi, aya ugana!" Jadi panasaran, si Wanda teh urang mana, "Ari Wanda kawit timana?" "Abdi mah Tiong Hwa Pa, Tiong Hwa Bandung, pun Bapa ti Banjaran, ari Mamah mah ti Bandung", ceuk manehna teh. Kuring jadi nelek-nelek, enya we panonna sipit ngan kulitna rada hideung, hideung kapoe, da meureun tukang kaditu-kadieu mamake motor, ngareparsi alat-alar rumah tangga. "Urang Tiong Hwa, make apal kana sunda-sunda kitu, timana terang?", kuring nanya. "Ti kasepuhan, seueur diajar abdi ti kasepuhan teh. Ari kawitna mah abdi teh milarian buntut nomer**) anu cespleng. Hoyong tereh beunghar Pa!. Ku kasepuhan abdi diajar, diajar wirid, oge kasundaan". "Beu edas, eta wirid naon?" "Sumuhun ngadoa nganggo basa Arab, supados kenging nomer anu jitu. Tapi kasepuhan oge ngajarkeun kasundaan" Ampir kuring seuri ngagakgak, ngadenge jawaban manehna teh. ngan ditahan we. Oge teu terus tatanya saha kasepuhanana teh. Keun we eta mah urusan manehna. Teu karasa kulkas geus jalan deui. Manehna pamit, tapi memeh pamit, manehna ngomong deui : " Pa, pan di Tangerang ge kamari geus aya nu rek ngadegkeun Karajaan Sunda Nusantara. Totonden Pa eta teh, urang sunda sakeudeung deui bakal manggung!" 1) Gunung Puyuh : Tempat/makam para menak di Sumedang 2) Tajimalela : Salah saurang Raja Sumedang Larang 3) Nomer buntut : Buntut angka dina nomer lotre Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/U0DZdC/lOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

