Cep Ndud...moal seueur-seueur nyandak hancengan teh ..hiji we...
nu sesana mah hancengan nu sanes......
Saleresna dina pabetekan basa Sunda teu aya kecap "gumasep" teh, anu leres mah "kumasep"...
muungngn bae ...biasa diurang mah anu leres sok kaluli-luli..anu mahiwal sok kapake....heuheuheu..
kedahna mah apan kumasep --- tina K um asep.....
geulis -- janten gumeulis....leres ieu mah..
nu sanes na mah duka tah....
Bonus : bapa si Utun ..asal kecap na kincir ===> k um incir...
Heuheuheu....tos ahhh...ngacapraxx....
ssw
Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED]
baraya,geus lami saleresna mah bade naros perkawis ieu teh, mung nyakitu kadang inget kadang poho. kaleresan kang brad nyabit nyabit gumasep. nu jadi patarosan kuring nyaeta, perkawis aturan sisipan -um-. gumasep nu asal kecap tina kasep naha janten gumasep? naha dina sisipan ieu (-um-) hurup awal memang kedah (jadi) g? jiga sababaraha kecap misalkeun gumeulis (asal kecap: geulis), guminter (pinter), gumulya (mulya), gumuntur (guntur), gumuyu (guyu) jsb.
diantos, baktos..dhkeur diajar ngaraut kecap yeuh.. :)

