|
Wa'alaikumsalam wr.wb.
Mamanawian ieu mah nya kang, sakaterang abdi, jalan ka
Cianjur Kidul dina denget ayeuna relatif sae pami dibandingkeun sareng jalan
perkebunan mah :)
ti ngawitan Cianjur, Cilaku, Cibeber jalanna cekapan sae-lah, jalan kelas III anu di hotmix-na thn 1991, janteun tong heran pami dina sawatara waktos perjalanan kenging balong di tengah jalan (pami teu lepat di daerah cibeber). ngalangkung ka Campaka, Sukanagara, Pagelaran teras Tanggeung, jalan ngaalitan bari jeung sami bae seueur balong oge di jajalaneun. matak siganamah tong ngahaja mawa mobil depek/pendek ka kidul mah, hawatos pisan. palebah Tanggeung ka Cibinong nakeun, jalan langkung alit bari jeung rada langkung awon oge. tah mulai ti Cibinong, aya sawatara rute jalan anu parantos di hotmix ulang, palebah ieu-mah dijamin ngageleser lah :) terakhir abdi ka kidul, ruas jalan Sindangbarang ka arah Cidaun nuju di bebenah keneh, duka tah denget ayeuna mah, siganamah parantos rengse meureun... sakitu panginteun kang... manawi kaangge
informasina..
wassalam.
Dian Ardiansyah
08138 01 7 1943
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Nana Tea Sent: Wednesday, June 21, 2006 10:19 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan
Assalamu'alaikum wr wb
Baraya sadaya
ngahaja tumaros ka US, manawi aya anu terang
Kumaha kaayaan jalan ti Cianjur dugi ka Cidaun di Pantai Laut Kidul
Bilih aya nu terang informasina diantos pisan, tiasa oge dijapri ka [EMAIL PROTECTED]
Haturnuhun sateuacana.
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selata... Siddik Wiradireja
- RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur s... Dian Ardiansyah,ST.
- RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianj... Nana Tea
- RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan C... Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jal... Eko Ruska Nugraha
- Re: [Urang Sunda] Tumaros kaayaa... Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Tumaros ka... Eko Ruska Nugraha
- RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jal... Dian Ardiansyah,ST.
- RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaa... Siddik Wiradireja
- [Urang Sunda] Telenges Asep Salmon
- [Urang Sunda] Tes.....(K... Gustiawan
- RE: [Urang Sunda] Tumaros ka... Dian Ardiansyah,ST.

