Cenah mah, urang Sunda lamun ngecapkeun "Bandung" téh "d" na henteu teges, tapi henteu leungit deuih, jadi kadéngéna téh "banung", ngan ieu mah "nu" na henteu ngirung (henteu siga "nu" dina kecap "anu", "manusa", jsté) tapi leuwih loba hawa kaluar tina baham. (Kudu ku ahli Fonologi nerangkeunana lah...).
Ki Silah urang Batawi sok ngageuhgeuykeun kuring: "Sép, iraha rék ka Banung?", bari ngecapkeun "nu" na téh ngirung...
Asa ngagebeg basa adi kuring ngecapkeun "Bandung" make "d" anu bedas pisan. Beu... asa jadi urang wétan yeuh adi kuring téh...
Enya kitu?
Eh, lain, ari basa lomana "baham" teh naon nya? Maenya "sungut" mah? (Nyambung soal baham, basa lemesna "heuay" teh cenah "patebih waos"... Asa ku teungteuingeun... Padahal mah pan "angob"...)
Kanggo Teh Roro (Haturan Tétéh...) Langkung hébring upami nganggo kecap "nénéhna" ti batan "landihan", salajengna "etamah" ulah dikantétkeun nya, dina kalimah Teh Roro anu ieu: "...da etamah landihan tina Rosma..."
Cag ah, bisi loba teuing salahna... (Mapatkeun élmu Kang Dudi-na masih léléngkah halu yeuh...)
AJ
Dina Yuliana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mairan ah.
salian resep nambihan 'awalan' E, urang sunda mah resep kana hurup H
dina tungtung kecap. pan kawentar US mah, upami nyarios bahasa
indonesia janten 'gituh', 'gimanah', ...jsb.
malih, di keluarga pun biang, ampir sadaya jenengan ditungtungan ku H
contona: Amih, Ratmanah, Enah, Enih, Damah, Katmanah, ...
baktos
On 6/21/06, Dudi Herliantowrote:
>
>
> wassalamu'alaikum,
>
> heu heu heu.. enya nya (pan sadayana ge pernah janten) wanoja sunda nu hebad
> (baca: kawentar) seueur nu namina dimimitian ku E (sadaya e). E rot, E roh,
> E cot, ayeuna mumbul E noy. tah jigana hal ieu aya marga lantaranna. cek
> kuring salah sahijina nyaeta karesep urangSunda ngamimitian kecap ku E. jika
> rok (baju awewe handap) jadi E rok. nok (panggilan keur awewe) jadi E nok.
> pom jadi E mpom. neng jadi E neng. ieu nami si euceu roro ge oge rosma ->
> ros -> E ros. jigana mah nami wanoja sunda nu diluhur ge nenehna tina nami
> nu saestuna. jiga neng E roh mungkon wae nami saleresna mah Neng Rohmah...
>
> heu heu heu meureun kitu ge, peryogi panalungtikan nu langkung jero deui...
>
> dh
> On 6/21/06, Roro Rohmahwrote:
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Wa'alaikumsalam Wr. Wb.
> >
> >
> >
> > Ngiring ngamairan aaah .
> >
> >
> >
> > Walah salamet euy .! Asa teu gaduh kawajiban kedah punjul tinu lian.
> Sanaos teu acan sepuh, tapi engke ge pasti janten Emak-emak, untung abdi tos
> "bruk-brak" yen nami teh sanes Eros, da etamah landihan tina Rosma heheh.
> Tapi ketang panas mah panas yeuh naha nu payuna hurup E wungkul nu hebat
> teh?...Ah, ketang saha nu terang iwal ti E, nami nu diawalan tina A dugi ka
> Z tiasa janten jalmi nu aya mangpaatna kanggo balarea?....Wallahu'alam.
> >
> >
> >
> > ro2
> >
> > nutadinaeros
> >
> >
> >
> > .
> >
>
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.lembur deudeuh.:
> http://banjarasih.blogsome.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
At VolunteerMatch, any nonprofit can recruit enthusiastic volunteers right away!
http://us.click.yahoo.com/DnDZbC/8OaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Yahoo! Groups gets better. Check out the new email design. Plus theres much more to come. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

