--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehe...enya Bah, naon bae dijadikeun alat pikeun ngahontal cita2 atawa > kahayang. > ngan nya logikana kumaha, nu teu ngagem agama Islam, sina ngado'a > basa Arab > nu tangtuna ti ajaran Islam-aliran Islam nu lumpatna ka dinya. hehe.
MJ, ceuk cenah urang Tiong Hwa mah, manusa pragmatis, nu penting hasilna, ari carana mah, rek make "ideologi" naon wae oge, teu masalah ....hehehehe. Si Wanda, Tiong Hwa nu kurang maju, tapi kuring oge boga kawawuhan, Pa X, nu boga pausahaan di Bandung. Pa X, Tiong Hwa jegug, imahna di sisi jalan raya di Bandung, istrina arsitek, dosen universitas swasta beken di Bandung. Anak-anakna euweuh nu sakola di Indonesia, sadayana di Amerika. Ka kuring Pa X kungsi ngadongeng, cenah waktu manehna sangsara keneh, kungsi "masantren" di Kiai-Kiai. Malah cenah kungsi tatapa nurut ka parentah Kiai di daerah Cililimus (sangkan hurip). Pa X oge apal Al Fatihah. Lamun di jalan papendak jeung iring-iringan jenazah, responsna otomatis nyebat : "Inalillahi ....". Atuh ucapan "insya Alloh" mah komo diumbar pisan. Tapi lamun ditanya agamana naon, manehna sok ngahuleng, tara ngajawab, kalahka mencrong. Pa X conto manusa pragmatis, keur manehna nu penting hasil. Urang Sunda jeung Tionghwa geus lila saling hubungan, mungkin geus leuwih ti sarewu taun. Naha urang Sunda boga sifat pragmatis jiga urang Cina? ..... nya duka teuing, tapi upami maca posting kang Deni Suwarja nu nyebatkeun aya Haji sok masihan nomer buntut atawa dongeng si Wanda nu boga "kasepuhan", ....sigana urang Sunda oge boga sifat- sifat "pragmatis" siga urang Tionghwa bin Cina .... Jenatna Deng Xiao Ping, pamimpin nu ngareformasi Cina Komunis, boga motto kieu : "Kuring teu perlu ucing warnana naon, nu penting ucingna bisa newak beurit". Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

