Baraya..., sababaraha poe ka tukang hasil ujian nasional (UN) barudak sakola SMA geus diumumkeun samalah sabagian barudak SMA ngalakukeun aksi curat-coret dina baju jeung buukna sewang-sewangan pikeun ngabudalkeun rasa kabungahna. Tapi disagigieun eta aya sabagean murid SMA anu keur sedih kinkin kulantaran teu lulus dina ujian nasional. Anu jadi helok teh sabagian anu teu lulus dina ujian nasional teh aya murid anu dina sapopoena prestasi akademik di sakolana kasebut nyongcolang (pinter), tah ieu ngajadikeun eta murid jadi stres jeung ngarasa era ku lingkunganana. Malah aya salah saurang kolot anu budakna sakola di salah sahiji sakola anu kawentar di kota Bandung teu lulus dina ujian nasional. Manehna ngarasa sedih, ambek jeung wirang sabab manehna ngarasa didzoliman ku sistem panilaian ujian nasional pangpangna mah ku aya aturan anu ngeweuhkeun ujian susulan atawa ujian ulangan (parobahan), maranehna ngarasa kesel kusabab geus beak dengkak pikeun ngabiayaan barudakna tapi hasil akhirna nguciwakeun sok padahal budakna teh kaasup salah saurang murid anu pinter di sakolana, sok komo aya salah saurang murid anu ngilu ujian nasioan tapi di jero sarisig beusi (panjara) tapi lulus...(alus milikna) Lolobana murid/siswa anu teu lulus ujian nasional teh rata-rata kurang nilaina dina widang pangajaran matematika anu teu nyukupan nilai minimal pikeun lulus.
Anu jadi pananya si kuring ; " Naha soal ujian anu susah (matematika) atawa murid anu teu taliti dina ngeusi/ngajawab eta soal...? komo deui keur murid anu ngiluan sarupaning bimbingan belajar (bimbel ) mah soal anu rumit jeung sulit teh geus biasa nyanghareupanana. Memang pikeun neruskeun ka pagurona luhur bisa ku ngiluan paket C tapi sabagian kolot anu nyarita ; "keur nanahaona sakola jauh-jauh jeung meakeun waragad gede ari tungtuna kudu ngiluan paket C mah..." tah dina hal ieu kira-kira saha nu salah sistem atawa naon...??? Cag...ah, nuhun. "kkbm'69" ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Check out the new improvements in Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

