UAN (ujian akhir Nasional) nangtukeun pisan naha budak SMP/SMA boga izasah atawa henteu. Waktu UN SMA dibuka kamari, loba budak "abege" nu jadi stress kulantaran teu lulus UN. Malah ceuk beja kamari, aya budak di Medan tepi ka ngagantung maneh. Kuring lain teu satuju UN, da standarisasi mutu teh peryogi. Ngan cik carana tong kitu, budak sakola tilu taun, nasibna ngan ditangtukeun ku tilu-poe waktu ujian. Kumaha lamun budak keur teu sehat atawa boga masalah waktu ujian? Naha peran Guru-guru dina ngadidik budak salami 3 taun, teu dianggap. Padahal apan guru-guru nu sapopoena terang yen Si A murid pinter jeung si B murid bangor jeung bodo?
UAN oge teu aya ujian ulangan, malah sina ngiring ujian Paket C (persamaan) nu bakal dilaksanakeun bulan November. Kadang-kadang kuring sok mikir, na ari soal pendidikan di urang, ti baheula tepi ka ayeuna, ngan ramijud wae ..... Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

