Lamun nuturkeun uga wangsit Siliwangi, ciri-ciri budak angon teh diantarana:
- teu ngarasa genah tumaninah lamun rahayat jeung somah masih keneh
hirup sacara rudin (balangsak)-->ieu talatah anu mimiti. Kunci
kasuksesan pamimpin jeung kapamimpinana: merhatikeun rahayat
leutik-->ieu luyu pisan jeung dimensi pang pentingna dina agama (Islam
khususna): dimensi sosial;
- weruh di semu anu saestu, wangi anu sajati: ceuk cenah, diantara
maksudna: apal kana jatidirina, apal kana dirina: nyekel agama
(papagon hirupna); oge apal kana kakuatan, kakurangan, hahalang jeung
lolongkrang sarta cara-cara ngaronjatkeun anu hade jeung ngungkulan
kakuranganana.
- tara ngalieukan ka tukang wae, salah sahiji maksudna, ceuk cenah:
hirup kudu boga visi atawa visioner;
- ngangon kalakay jeung tutunggul: kalakay, sederhanana: jalma leutik
atawa jelema-jelama anu geus leungiteun gantungan hirupna. Tutunggul:
asal-usulna, sajarahna, budayana;
- ngangon 4 penjuru angin: tiasa oge mangrupi salah sahiji tafsiranana.

Cag heula.
baktos,
manAR

On 6/22/06, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya, khususon Kang Tharyana.
>
> Upami numutkeun pemendak sim kuring, kasebatkeun dina
> Uga Siliwangi, aya disebat "Budak Angon".
> Saha atuh Budak Angon teh?
>
> Nya sing saha wae urang sunda anu bisa NGANGONGKEUN
> opat Madzab anu aya ayeuna di urang sunda, salah
> sahijina nyaeta urang "baduy nu di jero". Ieu
> ngalambangkeun manusa sunda anu "back to nature",
> hirup harmonis jeung alam, tekad anu buled moal
> saeutik-eutik acan karuksak alam dunya jeung sa
> eusina.
> Leres pisan ieu teh hiji falasifah nu teu aya cidrana,
> mung dalah kumaha atuh, geuning alam teh laun-laun
> atanapi lami-lami oge tangtos bakal ancur lebur, dina
> ayana atanapi teu ayana campur tangan jalma, parantos
> kudrat iradatNa, dunya bakal kiamat ageung, ngan duka
> waktosna mah iraha masih lami pisan(sanes emutaneun).
>
> Balad urang sunda anu ngahiang dina jaman anu
> kalangkung, ieu ngalambangkeun yen urang sunda mah
> percaya kanu hal-hal ghoib, nyaeta sagala hal anu teu
> asup logika nalar pipikiran jelma(iptek). Da yakin
> atuh lamun jelema ngan ngandelkeun rasio wungkulmah
> tangtos sasab atanapi nyasar.
>
> Urang sunda anu kaasup "budak janggotan", moal jauh
> tina sangkaan urang, nyaeta urang sunda anu kabongroy
> ku atribut ka-arab-araban, ngan ngulik islam kanu
> bungkusna wungkul, padahal lamun bisa mesekna, ajaran
> ieu pinuh ku tuduh jalan kana katauhidan. Sidik aya
> buktosna anu ngabom deungeun-deungeun urang di bali
> salah sawios  dedengkotna pan urang sunda.
>
> Kaopat, nyaeta urang sunda anu niru-niru urang barat,
> boh tina papakeanana, jeung adat istiadatna. Teu salah
> lamun anu ditiron na kamajuan IPTEKna, mungguhing
> urang hirup kumbuh di alam karamean ieu, resep teu
> resep, suka teu suka teknologi teh parantos seueur
> ngabantosan pikeun kamudahan jeung ngaronjatkeun
> kamaslahatan jalma-jalma; sanaos teknologi nyandak
> dampak oge pikeun ngarusak lingkungan.
>
> Tah kitu, urang sunda mah kudu jaradi "Budak Angon",
> bisa ngangon 4 madzab, kaler, kidul, kulon,wetan,
> nyandak anu saena, kirangan anu matak ngagorengkeun,
> atanapi ngaruksakeunana.
>
> Hayu atuh urang jaradi budak angon !
>
> Salam baktos
> mz
>
> --- SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
> > Conto jati diri urang sunda mah tiron wae urang
> > "baduy nu di jero" lain nu ditengah, lain nu di
> luar. > Nupang tengahna nu jumlahna 40  jalma nu tos
> di
> > harewosan  ku Prabu Siliwangi. Urang kudu teger
> > ngigelkeun  kasundaan
> > titinggal karuhun urang sunda. Eta nu di tengah teh
> > leubeut ku elmu pangaweruh luluhur urang sunda, tos
> > buktos nepi ka ayeuna da moal bieruk deui.
> >
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
> pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke