Tadi isuk, aya bija disalah sahiji radio (Delta FM), cenah 22 Juni 1527 (?), pasukan anu dipingpin Falatehan ngagempur pasukan Portugis di wewengkon Sunda Kalapa. Eta Portuig teh eleh, ti harita eta wewengkon dingaranan Jayakarta. (tapi keur peuting Portugis/gal ngelehkeun meksiko 2-1). Hidup Portugis eh.. Falatehan. Data ieu teh dikedalkeun ku Prof. Sukartono, anu dibantah ku Prof. Husen Djajadingingrat (Islamolog ti UI), ceuk cenah lain tanggal sakitu lahirna Kota Jakarta teh, aya sumber-sumber sejen anu netelakeun data anu beda anu dikaluarkeun ku Prof. Sukartono.
Ari Sunda Kalapa, ceuk (alm) Mang Ayat mah, sacara kabahasaan teu cocok, sakuduna mah Kalapa Sunda. Sigana wae kabiasaan urang, sok tara kritis kana hiji pasualan jeung sok narima wae naon-naon anu geus ditangtukeun. Komo deui anu nangtukeun teh boga kakawasaan, harta atawa pangaweruh. Padahal, loba conto-conto anu salah alatan para ahli salah nafsirkeun hiji informasi. salah sahiji kasalahan teh diantarana ngaran kota Bekasi, anu "diciptakeun" ku ahli Satjadibrata. Atawa tanggal lahirna kota Tasikmalaya, salah nafsirkeun tanggal dina prasasti Kawali, jrrd. baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

