kedahna masalah pendidikan di urang mah diurus ku urang walanda (komo masalah Tata Kota mah...)
da tos kabuktos, urang indonesia mah dipercaya ngurus 50 Thn langkung teh hasilna mung sistem DIKNAS nu ramijud, gedong sakola nu ambruk, jeung seueur nyitak koruptor (tapi langkung seuseur nyitak nu sanes koruptor, tapi nu koruptor-na langkung jagoan, jadi we endonesa eleh ku malaysia, nu tadi-na aya sahandapeun endonesia, nepi ka loba ngirim pelajarna ka endonesia)...
pelajar hasil citakan urang walanda mah (ti mimiti soekarno, hatta, syahrir, OTISTA, oge aki-buyut urang2 nu sanesna kapungkur) langkung gaduh integritas tibatan urang endonesia hasil citakan pendidikan zaman kiwari (eehhhmmm ka asup si uing nu ieu mah...)
geus ah cape neteli sorangan... prustasi...
 
heuheuheu...
 
 
^_^
 
 
 
----- Original Message -----
From: waluya56
Sent: Thursday, June 22, 2006 11:09 AM
Subject: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

UAN (ujian akhir Nasional) nangtukeun pisan naha budak SMP/SMA boga
izasah atawa henteu. Waktu UN SMA dibuka kamari, loba budak "abege" nu
jadi stress kulantaran teu lulus UN. Malah ceuk beja kamari, aya budak
di Medan tepi ka ngagantung maneh. Kuring lain teu satuju UN, da
standarisasi mutu teh peryogi. Ngan cik carana tong kitu, budak sakola
tilu taun, nasibna ngan ditangtukeun ku tilu-poe waktu ujian. Kumaha
lamun budak keur teu sehat atawa boga masalah waktu ujian? Naha peran
Guru-guru dina ngadidik budak salami 3 taun, teu dianggap. Padahal apan
guru-guru nu sapopoena terang yen Si A murid pinter jeung si B murid
bangor jeung bodo?

UAN oge teu aya ujian ulangan, malah sina ngiring ujian Paket C
(persamaan) nu bakal dilaksanakeun bulan November. Kadang-kadang kuring
sok mikir, na ari soal pendidikan di urang, ti baheula tepi ka ayeuna,
ngan ramijud wae .....

Baktos,
WALUYA

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke