Ciamis. Ngaran ieu wewengkon anu nyajarah (mensejarah, dumasar sajarah) sakuduna "Galuh", lain "Ciamis". Ti mimiti diwangunna karajaan (salaku representasi tina kabudayaan, pamarentahan, masyarakat, jst alam harita) ngaran ieu wewengkon teh taya lian ti "Galuh". "Galuh" anu hartina, diantarana, mataholang, atawa inten.
Ceuk sakaol, mimiti dingaranan "ciamis" asal usulna kieu: nalika anu digarawe keur ngawangun ibukota (kota ciamis ayeuna), teuing jaman bupati anu mana (poho deui, bubuhan sumberna tina bacaan saliwat dina koran), aya anu manggihan sungapan cai. Keur meujeuhna cape, hanaan jeung panas moreret, manggihan cai anu sakitu herang ngagenyas, langsung diuyup. Munasabah lamun karasana eta cai teh amis lir digulaan. Nya ribut anu tos ngarot cai teh pating corowok: "Ciamis, ciamis, ciamis....!!!. Nelah wae ti harita eta kota diaranan "ciamis". Nyimpang sakeudeung. Ieu asal-usul ngaran rada sarimbag jeung asal-usul ngaran kota "garut". Nyaeta, nalika anu keur digawe nyieun ibu kota garut kakarut (kabared, katojos) ku cucuk-cucuk tatangkalan sarupa areuy. Tina istilah "kakarut, kakarut", jadi "kagarut" jadi "garut". Balik deui ka ngaran ciamis, nilik tina asal-usul ngaranna, estuning teu "fundamental", teu visioner, jeung teu pakait kana sajarah, kajaba "sajarah" manggihan cai anu nalika diinum karasana amis. Beda jeung istilah "galuh" anu mawa falsafah, sajarah jeung cita-cita luhur. Sigana, dina lebah dieu aya kapentingan pangjajah oge (Walanda, Mataram, oge anu sejenana) pikeun milihi jeung ngaabadikeun "ciamis" tinimbang "galuh". Beda atuh. Ari ukur "ciamis" mah moal matak ngagedurkeun sumanget ngalawan pangjajah. Beda jeung "galuh", lamun talajak anu ngajajah geus nincak hulu ajen-inajen anu aya dina jero "galuh", saha wae anu ngarasa mibanda "galuh" baris gancang ngalawan nepi ka barontakna. Ku ngaran "ciamis" wae, masih loba urang Ciamis jeung sakumna Tatar Sunda anu ngalawan pangjajah. Geus komo deui lamun ngaran "galuh" anu dipake. Rupina sakitu anu tiasa kapihatur. Hatur salam, manAR (dilahirkeun jeung nepi ka umur 15 taunan di Galuh beulah kaler) On 6/22/06, evi puspitasari <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > punten ah,,abi teh bade tumaros,,hoyong terang sajarah ciamis,, > leres kitu abdi teh urang ciamis, tapi da geuning teu terang sajarahna > kunaon geuning pangna dinamian ciamis,, > ari ditaros ku batur mah sok ngaku we pedah jalmina maranis hehe,,,tapi da > panasaran ti mana ciamis teh,,kitu,,, > bilih aya nu terang,,,anu bade rada ngadongeng oge wios lah,,nu penting > mah rada caang kitu...hehe,, > hatur nuhun ah,, > mangga,,,, > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the new Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

