Heuheuheu.........
(punten yeuhhh, sanes ngagumujengkeun postingan salira, Mama...!!)
ieu mah nyeuseurikeun lalamunan diri (kawas eyang Kabayan) ......rumasa diri mung ukur ;
kahayang aya kaeuweuh-euweuh....heuheuheu...!!
Saleresna mah tikapungkur hoyong mostingkeun nu kieu teh, mung nyaeta sok sieun disebat
Sundaisme, Sundasentris....sareng sajabina-sareng sajabina, namung asa kakomporan ku postingan
Mama Manar.
 
Ngilo postingan ti Mama ManAr, nami kota-kota anu dihandap seueur anu pamasihan ti Mataram sareng Walanda, kumaha upami eta nami kota-kota diwangsulkeun deui kana nami kota aslina, khusus nu aya
di Tatar Sunda, sapertos ;
Bogor janten : Pakuan
Ciamis janten : Galuh
Garut janten : Limbangan (kitu...)
Tangerang janten : Salakapura ( leres kitu..?, aeh ieu mah aya di Tatar Banten ketang)
Cianjur janten : Cikundul
teras mana deui nya...???
 
Manawi kuayana gentos nami itu, sugaaaaaannn...sareng sugan nyandak maunat ka rahayatna..
Tosss ahhh...ngacapruxxxna ..., bade neraskeun kerexxx....deui...
 
ssw

oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]
Ciamis.
Ngaran ieu wewengkon anu nyajarah (mensejarah, dumasar sajarah)
sakuduna "Galuh", lain "Ciamis". Ti mimiti diwangunna karajaan (salaku
representasi tina kabudayaan, pamarentahan, masyarakat, jst alam
harita) ngaran ieu wewengkon teh taya lian ti "Galuh". "Galuh" anu
hartina, diantarana, mataholang, atawa inten.

Ceuk sakaol, mimiti dingaranan "ciamis" asal usulna kieu: nalika anu
digarawe keur ngawangun ibukota (kota ciamis ayeuna), teuing jaman
bupati anu mana (poho deui, bubuhan sumberna tina bacaan saliwat dina
koran), aya anu manggihan sungapan cai. Keur meujeuhna cape, hanaan
jeung panas moreret, manggihan cai anu sakitu herang ngagenyas,
langsung diuyup. Munasabah lamun karasana eta cai teh amis lir
digulaan. Nya ribut anu tos ngarot cai teh pating corowok: "Ciamis,
ciamis, ciamis....!!!. Nelah wae ti harita eta kota diaranan "ciamis".

Nyimpang sakeudeung. Ieu asal-usul ngaran rada sarimbag jeung
asal-usul ngaran kota "garut". Nyaeta, nalika anu keur digawe nyieun
ibu kota garut kakarut (kabared, katojos) ku cucuk-cucuk tatangkalan
sarupa areuy. Tina istilah "kakarut, kakarut", jadi "kagarut" jadi
"garut".

Balik deui ka ngaran ciamis, nilik tina asal-usul ngaranna, estuning
teu "fundamental", teu visioner, jeung teu pakait kana sajarah, kajaba
"sajarah" manggihan cai anu nalika diinum karasana amis. Beda jeung
istilah "galuh" anu mawa falsafah, sajarah jeung cita-cita luhur.
Sigana, dina lebah dieu aya kapentingan pangjajah oge (Walanda,
Mataram, oge anu sejenana) pikeun milihi jeung ngaabadikeun "ciamis"
tinimbang "galuh".

Beda atuh. Ari ukur "ciamis" mah moal matak ngagedurkeun sumanget
ngalawan pangjajah. Beda jeung "galuh", lamun talajak anu ngajajah
geus nincak hulu ajen-inajen anu aya dina jero "galuh", saha wae anu
ngarasa mibanda "galuh" baris gancang ngalawan nepi ka barontakna. Ku
ngaran "ciamis" wae, masih loba urang Ciamis jeung sakumna Tatar Sunda
anu ngalawan pangjajah. Geus komo deui lamun ngaran "galuh" anu
dipake.

Rupina sakitu anu tiasa kapihatur.

Hatur salam,
manAR
(dilahirkeun jeung nepi ka umur 15 taunan di Galuh beulah kaler)
 
  •