Baraya,
 
Numutkeun hasil panalungtikan gawe bareng geolog, ahli tari jeung ahli pakaian adat, sarakan (bumi) Indonesia teh cenah beuki wetan beuki panas. Naon buktina? Cobi wae papay ti kulon ti mimiti Aceh nepi ka papua. Pakaian adat di Aceh lengkep nutup sakujur badan, tarianana oge teu pati loba gerak. Mudun saeutik ka Padang, teu pati beda, baju adat masih buni, atuh tarianana oge gerak-gerak sederhana. Beuki ka tengah, upamana, Bali, baju adat mimiti muka rada lebar,  bayeungyang tayohna mah, pok kitu deui ibingna, pinuh ku gerak jeung gitek siga taneuh titincakanana geus mimiti panas. Tah lamun anjog ka Papua, baju adat teh meh kari sacewir-sacewir, ukur nutupan aurat anu pang auratna, sumawonna igel-igelanana, ting jerete lir ibarat taneuh titincakanana pinuh ku areng hurung.
 
Hehehe, namina oge 4S, sura-seuri siga .....Hapunten, ieu mah landong baeud wae mayunan week-end.
 
baktos,
manAR    
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke