Numutkeun kitab KUBS, kecap "ragok" hartina kieu: "kecap anteuran pikeun ngagambarkeun sora jelema loba nu naranya."
Si Kang Rahman di Walanda manggihan harti "ragok" jiga kieu: "Dina KUBS (citaka 1980) kuring mah kecap "ragok" teh ngagorehel geuning. Hartina 'sora jelema anu loba naranya'. Ku kuring dicek dina kamus Sunda-Walanda (F. S. Eringa). Dina ieu kamus mah ieuwih tetela pisan definisi na.Tarjamahna siga kieu: ragok, kecap anteuran keur: ngomong pasuliwer, sarerea bareng ngaromong (nanya, ngagorowok jlte.) Tempo "gok" 2." "Dina entri "gok" 2: gak-gek-gok; niron-niron sora lutung; 'ragok' ( anu babarengan); oge kecap anteuran; sarerea bareng nanya jeung ngomong. Jadi, aya hubungan jeung lutung geuning ieu kecap teh? Sigana mah ieu kecap bisa diasupkeun kana onomatope tea (kecap titiron?). Waktu jaman baheula masih keneh loba lutung di Tatar Sunda, moyang urang ngabandingkeun rame na anu galecok jeung lutung nu disada? Kitu? Teuing ketah ah..." Salam, MH --- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asa kakara ngadenge kecap "ragok" teh, Ki... Lamun > "rogok" mah apal, dilarapkeun kana (punten) buru > irung nu paranjang lin? He he... ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the new Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

