Ceuk MH:

AJ:
Najan dipoyok dirojok
Nagri sabuana

Alesan: teuing naon alesanana.

=========

Naon nya alesanana? Nya alesanana mah kadéngéna wé kitu, Ki... Hé hé...

Tapi, sok geura déngékeun deui... Tah... enya pan... "dirojok" lain "diragok". Kecap "dirojok" mémang éléh kontéks ku kecap "diragok" (sanajan can buleud yeuh haté narima éksisténsi kecap "ragok" nu hartina "raéng pada nanya"), tapi bisa waé "dirojok" téh ditarima sabagé gaya basa: dina éta kontéks "dirojok" téh siga lamun urang ngarorojok liang beurit supaya beuritna kaluar. Enya, anu dipoyok jeung anu dirojok téh éta-éta kénéh, sakadang penjajah téa. Ku dipoyok, sugan bae manéhna teh éra sorangan, terus mulang. Ku dirojok, nya maén fisik téa ngarana, dipaksa ku cara heuras sangkan kaluar...

Anu kadua, Ki... Naha enya nulis buana teh "buwana" lain "buana"? Asana mah "buana" nulisna téh. Siga dina Bahasa Indonésia, kapan "kualtias" lain "kwalitas" atawa "kuwalitas" (ogé "Juarna" lain "Juwarna", ha ha...). Inget nagri "buana panca tengah"? Enya, nagrina Sunan Ambu. Sok geura téangan di google, nulisna teh "buana panca tengah" lain "buwana panca tengah". Urang wétan mah enya nulisna téh maké "w", "hamengku buwono".

Jadi, aya tilu konstéstan yeuh dina raraga "Polémik Pupuh" téh (asa légég nya, siga "Polémik Kebudayaan" baé...)

1. kombinasi MH&AJ:
Najan dipoyok diragok
Nagri sabuwana

2. kombinasi RH&AJ:
Najan ditohok diragot
Nagri sabuwana

3. kombinasi AJ&AJ
Najan dipoyok dirojok
Nagri sabuana

Ka balaréa nu ngagaduhan hak pilih (17 tahun langkung yuswana atawa geus kawin), omat dangukeun heula kawihna di:

http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/durma.htm

saméméh nangtoskeun pilihan. Oge ulah hilap nguningakeun alesanana...

(Bet siga pemilu geuning, ha ha... Tapi ieu mah lain voting... Moal enya 4 sora insinyur sipil nu lain ulama ngéléhkeun 1 sora ulama dina mustungkeun perkara waris... )

Salam,
AJ



mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Urang teruskeun padungdengan rumpaka Durma, nu
dipadungdengkeun minggu kamari. Rumpaka salengkepna
sementara jiga kieu:

D u r m a
Laras: Pelog

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Panambih: Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut *)
Nagri sadayana *)
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

Dua kalimah nu ditandaan *) perlu dikoreksi, sabab
ngotektak di kamus eta kecap lebeng teu kapanggih.

Aya sababaraha pamanggih nu bisa dijadikeun alternatif
gagantina, diantarana:

MH:
Najan dipoyok diragok
Nagri sadayana

Alesan: wirahma perang, perang ucap.

RH:
Najan ditohok diragot
Nagri sadayana

Alesan: wirahma perang, perang fisik.

AJ:
Najan dipoyok dirojok
Nagri sabuana

Alesan: teuing naon alesanana.
Catetan: kalimah kadua, bisa ditarima, sabab asa
leuwih murwakanti. Ngan supaya leuwih eces jadi kieu
unina: "Nagri sabuwana"

Numutkeun tilu tinimbangan di luhur, aya dua
alternatif nu bisa dipake pikeun ngoreksi rumpaka
pupuh Durma nu ditandaan *) tea, nyaeta:

1. Kombinasi MH&AJ
Najan dipoyok diragok
Nagri sabuwana

2. Kombinasi RH&AJ
Najan ditohok diragot
Nagri sabuwana

Cing ka baraya sanesna, panglenyepankeun galindeng
Pupuh Durma, altrernatif nu mana nu leuwih pas.
Carana: pulut mp3-na di
http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/durma.htm,
saterusna regepkeun galindeng laguna.

Salam,
mh

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Ring'em or ping'em. Make PC-to-phone calls as low as 1¢/min with Yahoo! Messenger with Voice. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke