Bener pisan eta teh. Ceuk pamadegan kuring, ieu teh aya patula patalina jeung tingkat pendidikan/budaya bangsa, mangga bilih aya mahasiswa anu bade penelitian, urang buktikeun.Kumaha ari sakola di nagara deungun teh. Diantarana bae mun dibandingkeun jeung di Indonesia:
Pelajaran akhlak di Indonesia diajarkeun di kelas boh dina pelajaran Agama atawa PPKN, malahan mah di tingkat perguruan tinggi aya pelajaran etika sagala. Aya ulangan/ujian, alus ku kitu te mah. Hanjakal peran guru ngan ukur di kelas.
Di nagara deungeun diajar oge di kelas, saeutik, teu aya ulangan/ujian, ngan palebah budak istirahat atawa diluar kelas sa tacan asup, atawa karek bubaran, guru masih nalingakeun budak didikna. ditingali hiji hiji kalakuan budak dina hubungan sosial jeung babaturanana, kumaha ulina, oge dina hal sopan santun boh jeung babaturan, guru, nu ngaliwat, jst, muan aya nu kudu dibenerkeun,
nya dibenerkeun Mun aya nu miceun runtah sagawayah, ditegor. jst. Sakapeung sok ngahaja sapoe teu diajar di kelas, tapi jalan jalan mengenal lingkungan, diajar carana nyebrang jalan, ngantri, dahar di taman diteruskeun ku beberes, miceun runtah ka tempatna... pokona mah praktek sopan santun jeung diajar mandiri. Soal karawisata, kemping, piknik, nu kararitu, di Indonesia mah nu digedekeun hiburanana jeung laporan karangan hasil karyawisata. budak nu sakitu reana ninggalkeun bungkus sangu jeung gelas aqua pabalatak di sisi jalan mah teu dimasalahkeun... malah guruna ge saruana.... Di nagara deungeun mah jauh beda, geus lain caritakeuneun deui.
Naon sababna di Jakarta (kabeh kota di Indonesia) tara aya nu nahan panto mun aya batur tukangeunanan nu sarua rek ngaliwat..... Sabab euweuh conto... di sakola teu diajar, dina buku (PPKN / agama) oge teu aya, di TV oge tacan pernah aya nu ngabahas. Indung bapana
oge boro boro ngawarah, dalah manehna sorangan teu nyaho yen hal ieu teh salah sahiji hal sopan santun. Malum baheula mah panto teh teu nganggo per (pegas).
Tah ieu diantarana sopan santun nu kudu dibudayakeun.
- Salam......
- Ngucapkeum maap mun boga kasalahan.
- Nahan panto ......
- Mun di eskalator nangtung cicing di sisi kenca, sisi katuhu keur nu leumpang bisi aya barur nu rusuh hayang leumpang di eskalator.
- budaya ngantri. nya kitu deui pelayan (pramuniaga/petugas) ngahargaan ka nu ngantri.
- Nyebrang di jalan di penyebrangan.
- Miceun runtah na tempatna.
- Ulah ngaroko di tempat umum, ukuranana haseup roko (bauna oge) ulah keuna ka batur.
- Nyebrangkeun aki-aki, nini-nini, tuna netra.
- Respon ka nu butuh bantuan, lain ngan ukur dina kasus kerta nu lagragan wungkul, tapi sagala
hal.
- Di restoran ninggalkeun meja ulah pabalatak teuing/ ngabala (abong abong dilayanan) , mun self service (contona di Mc.D) , miceun runtah jeung bakina ka tempatna.
- Ngobrol lain tempatna (keur rapat, masamoan, aya nu pidato, jst)
Jst....mangga tambihan.
Wasalam,
Kang Santosa
Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mupakat, Kang... Kukituna urang teh ulah jadi gede hulu lamun aya urang bule anu diwawancara ngajawab kieu: "Endah Indonésia téh, rahayatna ogé sararopan tur daréhdéh...". Eta teh jawaban klisé, jawaban adab, jawaban gaul. Béda jeung nu saenyana.
Jadi inget ka Paul Wolfowitz. Enya, urut dubes AS di urang. Pan keur jadi dubes mah manéhna téh salah sahiji bulé panghadéna, pang daréhdéhna, da "ngawales kahadéan jeung kadaréhdéhan bangsa urang" (maké "tanda petik" (naon nya sundana?) sabab si Paul téh bobohongan éta téh). Tapi sanggeus manéhna jadi wakil menteri pertahanan, basana téh lain pisan, teges jeung henteu tédéng aling-aling, malahan mindeng pisan ngadesek Indonésia dina rupa-rupa perkara.
Tapi, kuring teu satuju lamun New York punjul ti nu lian disusul ku Zurich jeung Toronto. Zurich, sigana mah teu béda jeung kota2 lianna di Swiss (kuring kungsi ka Géneva jeung Lausanne), rada garihal ngomongna teh, sanajan teu sagarihal Toronto jeung kota séjénna di Kanada (ngalaman saminggu di Montréal). Komo New York mah (sigana éta oge, dan can kungsi ka dinya). Jadi, sigana mah urutanana téh tibalik.
Tapi nu pang sopanna sadunya mah ceuk kuring mah urang Dijon, panganjrékan kuring tilu taun ieu. Jeung nu teu wawuh oge teu weléh aya kecap-kecap: bonjour (wilujeng enjing), bonsoir (wilujeng sonten), pardon (punten), s'il vous plaît (mugi luntur galih), merci (hatur nuhun), kaasup nahan panto lamun tukangeun urang aya batur nu rek asup (geus pasti nu tukangeun urang téh ngucapkeun "merci").
Salam,
AJ
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Walah ..... walah .....geura aos wartos dihandap ieu ti "Media Indonesia",
geuning urang Asia (kaasup Indonesia tangtuna oge), paling teu sopan
sadunya. Malah Jakarta kaasup kota paling teu sopan di dunya ( rangking 29
ti 35 kota). Kanyataan ieu tibalik jeung "presepsi" (atawa rarasaan) urang
Indonesia nu sok nganggap asa paling pangsopanna, paling gaduh moral sareng
akhlak anu hade. Nyanggakeun wartosna, wilujeng "ngahuleng" .....hehehehe
Penduduk Asia Paling Tidak Sopan Sedunia
http://www.mediaindo.co.id/berita. asp?id=103947
Penulis: Luhung Sapto Nugroho
JAKARTA--MIOL: Sebuah survei menyebutkan penduduk Asia menempati urutan
terbawah dalam tes kesopanan sedunia. Jakarta menempati peringkat ke-29
dari 35 negara yang disurvei. Peringkat pertama, negara dengan perolehan
nilai kesopanan tertinggi sedangkan peringkat ke-35, yang terendah.
Majalah Reader's Digest, Kamis (22/6), mengumumkan hasil survei mereka
terhadap 2.000 responden di kota-kota besar dari 35 negara di dunia
untuk mengetahui perilaku masyarakatnya.
Ada tiga poin yang menadi tolok ukur dalam penilaian yaitu menahan pintu
untuk orang yang tidak dikenal, membantu memungut map berisi kertas
jatuh di jalan yang sibuk, dan mengucapkan 'terima kasih' pada pembeli.
Menurut Pemimpin Redaksi Reader's Digest Asia, Jim Plouffe ketiga tes
itu dirancang untuk mengetahui cara berinteraksi dan kepedulian terhadap
orang di dekatnya. Di Jakarta survei diadakan di kawasan sibuk yaitu Jl
Sudirman, Jakarta Pusat dan Kuningan, Jakarta Selatan.
"Dan harus kami akui, sejak awal kami tidak yakin akan ada banyak orang
yang mau menahan pintu atau membantu reporter kami memungut kertas yang
jatuh di tengah jalan," papar Pimpinan Redaksi Reader's Digest
Indonesia, Widarti Gunawan melalui siaran pers, Kamis.
Hasil survei menunjukkan penduduk Jakarta menempati urutan ke-29
lantaran hanya 20% responden yang menolong memungut kertas yang
berserakan di jalan, 70% responden membiarkan pintu terbanting di depan
orang yang berjalan di belakangnya, tapi 80% pelayan toko mengucapkan
terima kasih kepada orang yang berbelanja di tokonya.
Ini berbeda dengan di Mumbai, India yang menempati urutan paling buncit.
"Nyonya, saya bukan orang terpelajar. Kalau saya sudah menyerahkan
barang belanjaan kepada konsumen, ya, sudah," dalih seorang pelayan di
Mumbai ketika ditanya reporter Reader's Digest.
Sementara itu Plouffe mengatakan penduduk Asia kebanyakan tidak
menyadari dampak tindakan mereka terhadap orang di sekeliling mereka.
Urutan paling atas ditempati New York, AS padahal penduduk kota ini
terkenal angkuh. Di bawahnya ada Zurich, Swiss dan Toronto, Kanada.
(Lng/OL-02).
Yahoo! Sports Fantasy Football 06 - Go with the leader. Start your league today!
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- [Urang Sunda] Urang Asia, paking teu sopan sadunya! Waluya
- Re: [Urang Sunda] Urang Asia, paking teu sopan sadunya... Aj Kusnet
- Re: [Urang Sunda] Urang Asia, ......... - pendidik... trias santosa
- Re: [Urang Sunda] Urang Asia, paking teu sopan sad... waluya56
- Re: [Urang Sunda] Urang Asia, paking teu sopan sad... Asep Salmon
Kirim email ke

