--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ==DIpotong===
> Jadi inget ka Paul Wolfowitz. Enya, urut dubes AS di urang. Pan keur jadi dubes mah manéhna téh salah sahiji bulé panghadéna, pang daréhdéhna, da "ngawales kahadéan jeung kadaréhdéhan bangsa urang" (maké "tanda petik" (naon nya sundana?) sabab si Paul téh bobohongan éta téh). Tapi sanggeus manéhna jadi wakil menteri pertahanan, basana téh lain pisan, teges jeung henteu tédéng aling-aling, malahan mindeng pisan ngadesek Indonésia dina rupa-rupa perkara. =DIpotong==== Enya leres pisan, Paul Wolfowitz baheula keur jadi Dubes jeung ayeuna, beda pisan. Ari baheula mah kaciri beungeutna teh someah. Waktu manehna eureun jadi Dubes, loba kaum inohong nu sararumping dina acara pileuleuyanana. Atuh perkawis istrina, nu kantos mukim di Yogya jeung bisa basa Jawa digede-gedekeun pisan. Tapi waktu kuring ningali beungeut Paul Wolfowitz ayeuna, waktu diwawancara ku Rosiana Silalahi ti SCTV, beungeut "juragan" Paul" teh beungeut pikasieuneun, teu katingali someahna saeuti-eutik acan. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

