Ehm, deudeuh teuing ieu para fans anu kuciwa ku Ari Wibowo.
Ceu, didieu ge aya nu siga ari wobowo, tuh.... ( bari ngalieuk ka 
kantor BI, dina jandela katembong Kang Hari Wibowo nuju ngetang 
artos )
heheheh....


Neng Iva

--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Duh, dinten Saptu teh meuni tiiseun Bakus teh*tadi siang waktos 
istirahat nepangan MJ di ITENAS, mung sakedap da kedah tunggon 
rohangan damel, sieun aya nu ngagotong*heheh. Bari ngahuleng iseng 
ngadamel carpon*Punten bilih aya nu lepat, diantos kritikna. Mangga 
nyanggakeun mugia tiasa janten pangbeberah manah.
>  
> ro2
>  
> Si Manéhna
>  
> Gebeg! Haté kuring ngagebeg basa ngadengé yén manéhna rek kawin 
bulan hareup. Saawak-awak asa leuleus, leumpang asa ngalayang (siga 
ririwa waé*), geus puguh haté mah asa digerihan ku hinis*teu hayang 
dahar da teu lapar, teu hayang nginum da teu hanaang, komo hayang 
saré mah da beurang kénéh*
>  
> Sok ras inget ka jaman katukang-tukang, basa can apal ka manéhna, 
kuring mah haré-haré we sakitu ku unggal wanoja diomongkeun téh. Da 
nenjo buukna ge hiiiii*meuni panjang, siga awéwé*lain nanaon kuring 
mah ngabayangkeun hese nyisiranana oge, jembet. Kumaha mun loba 
kutuan? Totombe?Pangpangnamah olok sampo! Kudu gedé modal deuih, mun 
hayang alus kudu di krimbat ka salon. Leuheung jaman baheula mah 
masih kenéh bisa digélang ku taneuh porang, pucuk daun gedang atawa 
pucuk daun asem. 
>  
> Beuki dieu beuki mindeng ningali bengeut manéhna. Komo basa buukna 
diteukteuk dipolkakeun, disidik-sidik, tétéla yén manéhna téh jajaka 
kasep ngalémpéréng konéng, irung bangir, awak jangkung badag, biwir 
beureum abong indungna gé impor ti Jerman. Beuki resep we kuring 
basa ngadéngé yén manéhna hobi Taekwondo jeung naék motor gedé siga 
na pélém Barat Renegade, nyaan bener ieu mah pantes jadi jagoan!
>  
> Teuing kumaha, kapibeungeut waé éta jajaka, ceuk lagu Dina Mariana 
baheula téa mah*"Aku mau tidur, ingat kamu*Aku mau makan, ingat 
kamu*aku mau mandi, ingat kamuuuuu*." Siga jalma lianna nu keur 
kabungbulengan, kuring néangan inpo ngeunaan manéhna boh tina 
obrolan wanoja lian, tina TiPi, majalah koran jeung ramatloka. 
Kungsi asup ka alamatna di ramatlokana, didinya loba pisan poto-
potona, salah sahijina didonlod dijadikeun sekrinserper*.méh unggal 
poé bari gawé bisa nénjo beungeut si manéhanana.
>  
> Kuring ngadengé, ka manéhna téh loba pisan wanoja nu hayangeun, 
tapi manéhna gé teu sagawayah, milih-milih heula meureun. Sarua 
pisan kuring ge hay-hay tapi ér-ér*. Da ceuk kolot mah awéwé téh 
dulang pinandé, nungguan. Tapi ceunah jaman kiwari mah kaci mun 
awéwé bogoh tiheula alias mapageun bal (menjemput bola)*tapi 
hanjakal kuring mah teu bisa-bisa acan méngbal!
>  
> Kumaha geuy atuh sainganana gé nu bareurat wungkul, kungsi 
ngadéngé manéhna boga sababaraha kabogoh ti mimiti Dian Purba, 
Yosefani Waas, trus béntang sinetron nu ayeuna rék jadi mantu Ki 
Ato, Lulu Tobing. Teu lila tidinya kuring ngadengé manéhna keur teu 
boga kabogoh*ah, cikan susuganan ayeuna aya duriat manéhna ka 
kuring, baélah kuring ngawani-wani manéh*
>  
> Pék téh asa dibentar gelap! tadi beurang kuring manggih béja yén 
manéhna geus meunang deui nu anyar. Masih kénéh teu percaya, kuring 
neangan dina TiPi, leungeun ngadégdég nyekelan rimot. Acara ngeunaan 
manéhna aya dina Kabar-kabari, Hot Shot, Insert, Was-was, Cek n 
Ricek, Peri Gosip, Go Show, Silet, Kroschek, Betis jrrd, angger 
uesina téh,"Manéhna rek kawin jeung Inge Nugraha!"
>  
> Dalah dikumaha jodo mah geus dipincukan tidituna ku Pangéran, nya 
kuring ngan bisa ceurik ngabangingik, tapi teu bisa kitu, kuring 
kudu kuat, iklas tur rido da simanéhanana lain jodo kuring. 
Keclak*keclak*panon ramasbas bari nulis kartu keur simanéhanana nu 
eusina :
>  
> Wilujeng Laki-Rabi, mugia sing janten Kulawarga Sakinah Mawaddah 
Warahmah.
> 
> nb : diantos dudana.
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke