Mang Jamal simkuring mah ari emut ka gunung cupu teh nalika kapungkur upami bade ka ciamis/cikoneng teh sok ngahaja mun miang ti bandung teh tara sasarap heula da bade muru baso gunung cupu, naha aya keneh kitu?  kapungkur sik remen ka merdeka nuju jumengna h. idris.  pami ka cikoneng teh  sok ngalangkung cihaur beuti ngarah tereh bras we ka baso gunung cupu. tas tidinya mah lajeng muru ka merdeka,bahagia. biasa we ngawal kukurilingan ciamis/tasik. namung tos lami teu amengan deui ka wewengkon dinya ayeuna mah.
muhun putrana h. idris mah mung 3 . wawan, dama, yanti. ???
dupi mang jamal palih mana gunung cupu/cikonengna?
wassalm
yanto


Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Jamal tah budak H. Idris anu pang gedena (eh ketang duka incuna duka budakna)  eta teh babaturan kuring keur di SMA malahan mah ngaranna oge ampir sarua jeung sim kuring nyaeta WAWAN anu pangadegan nana teh pendek malahan mah sok dihareureuyan mun silaing nyupiran beus merdeka pasti bae supirna moal kaciri alias ngalelep. Tah cik  mun kenal tur panggih titip salam ka  anjeunna sebutkeun bae Gunawan ti Gudang Jero kitu.
Atuh oge baheula keur jaman SMP boga babaturan anakna tukang kurupuk anu harita mah kasohor (aduh hilap deui ngaran pabrikna anu sok nempel dina blek kurupuk ) ngaranna teh KUSDIA tah ari pangadegannana sabalikna ti WAWAN merdeka nyaeta jangkung leutik. Cikan mang MJ kenal henteu.

WAG 

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

enya, di cikoneng teh aya pausahaan beus, dikawitan ku haji idris, nu
gaduh beus merdeka. di ciamis kota mah aya aladdin tea. urang cikoneng
saleresna ngan haji idris alm wungkul pangusaha beus teh, nya ayeuna
diteruskeun ku anak incuna, bari nambah merek beusna,bahagia, patriot,
jeung sajabana. merdeka mah rutena teu nambah ti baheula, banjar-jakarta
wungkul.

salah saurang incuna haji idris, si Oga (Bhoga Patriot) kungsi kuliah di
pangulinan, tapi teu nepi ka tamat. make mobil hyundai coupe -mobil dua
pantu tea. hehe. cenah mah ibu bapana nu gaduh beus patriot, warisan
merdeka ti aki idris.

saleresna, pakasaban has urang Cikoneng nu matuh mah kana kurupuk. mabrik
kurupuk tea. kurupuk ikan nu bodas tea. sigana pangna beungeut kuring
buleud oge, siga kurupuk, da pun bapa kungsi mabrik kurupuk. heuheu

mj

http://geocities.com/mangjamal


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke