Ceu Roro,
 
Tuh ceu sakitu seueurna atuh...anu mikanyaah teh, pilih hiji anu pangna! Tapi omat ulah anu pang "Ari Wibowo"na...tapi meureun anu pang dipikaresepna jeung pangmikanyaahna ka euceu! Ditoong ku abdi anu seja mikanyaah  ka euceu diluhur boga hiji kaleuwihan ti Ari Wibowo...bisa ngobrol basa sunda! Edun pisan ceu! Engke euceu bisa surat-suratan nganggo basa sunda...kecap-kecap engkang jeung enung bakal murudul...sono jeung bogoh pabalatak komo kalimah buah ati kembang soca tilam panineungan beurang peuting geus pasti moal kakurangan! Engke bisa dikempelkeun jeung dijieun buku nyaingan buku kumpulan surat cinta pangaran Sunda...Hebring pan!
Sami we ceu...aya pameget nu wani betus jeung aya pameget nu wani betem! Dua-duana oge wanian ceuk abdi mah....pameget nu wani betus wani nyanghareupan wiwirang mun ditolak, dibalieurkeun unggal panggih!. Pameget nu wani betem wanian nalikung gerentes suci tur endah (rada didramatisir yeuh!) hate sorangan...miara profesi "pengagum" saja lah jeung embung ngaronjatkeun babasan "geus bungah ninggali imahna dikajauhan oge!" Sigana cua soteh ceu mun diijaban ti heula ku istri nu lain dipikabogoh ku hiji pamegetna we...da lamun ku nu dipikahayangna mah...abong mun teu saumur-umur nulak cangkeng dina taktak tah!
 
Cep Dudi mah atuda matak hookeun ceu...kurang kumaha neng Valerina lenjangna atawa Sandrina kumaha teu pinter kitu, malah dibikeun ka batur? Heran sayah oge...dian krishna, santa dela pan rancunit kitu! Alungkeun atuh kadieu teu kaanggo mah...hehe
 
Cing sabar we ceu, keun weh henteu ayeuna sugan isukan atuh...henteu bujanganana atuh dudana....rerencangan abdi oge upami diheureuyan teh reka ngadagoan randana bae euy! "Tong boboraah randana, mayitna ku aing dibeuli!" ceuk maneh na teh...anyir abot pisan cekeng teh! hehe
 
Sae ceu...ari keur ngupahan jeung ngabeberah hate mah, tapi muji eta ku motekarna...rancage pisan! Mudah-mudahan we kabeberah...tapi ulah nambihan gudawang hate! Bagja pisan nya sigana Ari mun terangeun usaha ceuceu siga kitu! Kayungyun pisan!
 
Teu kitu ceu...jeung ulah nalipak maneh, hese!... leuheung piit ngeundeuk ngeundeuk keusik sakeprul mah mik sen... usum mengbal bal...bal we sepak teh! Komo mun gelas atawa tetenong mitoha mah ulah pisan ditalipak teh, omat pisan nya da geulis!
 
baktos,
 
brad
*)nu ngiring prihatin ka ceu Roro sakaligus muji ku motekarna..dina rarangka meupeurih diri sorangan eh...punten lepat dina rarangka "NGANTENGKEUN DURIAT NU SUCI BERSIH KA ARI WIBOWO"! Punten heureuy...heureuy ceu!
 
**)aduh cangkir kana tarang euy!

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wayah kieu baraya…
 
Hatur nuhun pisan kana perhatosanana…hwahahah…teu kiat gumujeng wae, meuni rupi2 waleranana, aya nu ngajak mantun wae bari kabur, aya nu naros kersa ka pangsiunan? aya nu ngaku bujangan padahal incuna segudang hihih….
 
 
 
Euleuh, kutan kitu Cep Ndud leumpeuh yuni teh? Sugan the pamegetmah kongang bade kasaha wae sareng kawasa kanu mana wae…sami geuning nya gaduh kahay-hay tapi er-er heheh…Tapi Cep teu sadayana pameget resep istri ti payun ijab, seuseueurnamah cua…
 
 
Aeh haturan Kang Syam… nuhun pisan tos ngupahan abdi. Matak ku abdi dipasihan nb: diantos dudana the, da jaman kiwari mah nikah & papirak kanggo selebriti mah asa janten lalab rumbah, gampil pisan…
 
 
 
 
5 taun kapengker abdi kantos mendakan gambar Kang Ari dina Femina nuju nangkeup rerencangan istri ti pengker (punten sanes cawokah, ieu mah gambar antawis rerencangan) Ku abdi diseken gambar istrina digentos ku poto abdi teras dioprex nganggo Photoshop. Euh nyaan etamah asa ditangkeup! Iseng dilebetkeun di Laughterside (bobodoran) kantor, dipasihan komentar, “ Buah Semangka, Buah Sawo….Gak Nyangka Gw ma Ari Wibowo… Wah, etamah gujrud sakantor…Bos abdi ge dugi ka mesam-mesem…heheh.
 
 
 
Tapi diemut deui, bahaya badag pami kapendakeun ku batur, komo bari dipesek ku pakar IT Roy Suryo mah… tiasa janten pitnah! Matak teu dipidangkeun na milis ieu, etamah hususon kenang-kenangan kanggo abdi waktos Kang Ari lelengohan…heheh…
Waktos aya acara,”Ari Wibowo mencari pembantu”, rerencangan abdi mah miwarang ngiringan, tapi abdi alim, da teu hoyong janten pembantu mah hoyongna ge janten istrina…hihih…
 
Sanaos leres eta pangalaman abdi, kedah nalipax maneh abdi ge…siga piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, neureuy jogjog buah loa…pamohalan, etamah mung saukur lalamunan tebih pizzzaaan…. :)
 
ro2


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke