Poe Minggu kamari, kuring paciweuh, ngadak-ngadak cai ti sumur di imah henteu kaluar, padahal kompa cai kakara meunang menerkeun dua minggu katukang. Paciweuh da di kompleks perumahan teh acan asup cai ledeng (atawa moal?). Lamun cai ti sumur teu kaluar, kudu meuli ka "tukang cai". Hargana kacida mahalna, sakibik bisa keuna 30-40 rewuna, padahal sakibik teh ukur kapake sapoe atawa dua poe.
Sumur di imah teh, sumur bor, tapi lain sumur bor anu dijieun ku mesin bor, tapi ku tanaga jelema, biasa disebut "sumur pantek" atawa "sumur gejlug" da ngeborna digejlug-gejlug. Tah nu nyieun sumur di imah teh aranna Kang Endut jeung baturna, baheula 6 taun katukang. Kulantaran manehna baheula nu nyieun sumur, ku kuring teh digeroan, da imahna teu pati jauh, ngan beda RW wungkul. Kang Endut datang ka Imah poe senenna, isuk-isuk pas kuring rek ngantor. Rada kaget oge,asa geus kolot pisan ayeuna mah Kang Endut teh. Kuring jarang papanggih saprakna kuring pindah imah ka imah anu dicicingan ayeuna. Manehna langsung mariksa kompa bari ditunyu-tanya ku kuring. Horeng pamajikanna teh geus maot, manehna ayeuna duda. Ceuk Kang Endut kompa mah teu nanaon, ngan sumur kudu dikuras, dibersihkeun. Ceuk kuring teh : "Sabaraha atuh ari nguras? sangsara yeuh abdi teu aya cai" Manehna ngahuleng sakeudeung, terus ngajawab: "300 rewu, Pa!" Ngagebeg oge, geuning mahal, ngan da perlu cai, jeung deuih aya rasa karunya nempo waruga kang Endut, kuring teu nawar deui, "Enya sok atuh, iraha tiasa didamelkeun?" "Ayeuna oge tiasa, abdi milarian batur heula, keur ngangkat pipana" Sanggeus janji jeung kang Endut, kuring jeung pamajikan mangkat ka kantor, ngan memehna pamajikan pesen ka Si Cicih, pembantu di Imah, bere dahar beurang nu digarawe teh. Jam 5 sore kuring jeung pamajikan balik, nyampak teh geus beres, malah geus rarapih deui. Kang Endut keur cindekul nungguan kuring. Langsung dibayar, kaciri paromanna marahmay waktu narima duit teh. Pamajikan nanya ka Si Cicih, dibere dahar nu digarawe? Ceuk si Cicih teh, "Dipasihan, ngan Kang Endut mah teu tuang, da cenah nuju puasa" Atuh pamajikan teh ngagerewek ka Kang Endut anu geus ngaleos kaluar rek mulang:" Kang Endut muasaan naon atuh, hayang boga pamajikan deui? sakitu digawe beurat make puasa sagala?" "Puguh abdi teh kamari nuju bingung, budak nu bungsu nu sakola di SMA, geus opat bulan teu mayar SPP, dua ratus rewueun. Ku sakolana diancam rek diskor, lamun teu mayar wae. Ari abdi keur teu gaduh saperak-perak acan" "Kutan kitu?", ceuk kuring nu ngilu ngareungeu. "Sumuhun, nya abdi teh kamari ti isuk keneh kukurilingan di di kompleks perumahan, maksad teh rek nambut artos kanu wawuh di perumahan. Ngan asa-asa, ukur ngarandeg we dina unggal panto pager sakur nu wawuh. Malah dipayuneun bumi bapa mah rada lami abdi ngajanteng teh, aya sapuluh menitna, pencet bell entong, pencet bell entong. Teu purun, asa ararisin. Ah rek puasa we Senenna, sugan we ku puasa mah, dipasihan rejeki tinu Kawasa" Pamajikan mairan:" Atuh dikabulkeun ari kitu mah puasa kang Endut teh, aya rejeki tah, keur mayar SPP budak!" "Leres Bu, ngan abdi teh jadi hemeng ieu teh, kari-kari kamari abdi ngajanteng dipayuneun bumi ibu salila-lila, maksad nambut artos, ngan teu purun, sumur Ibu jadi teu ngocor caina. Aya hubunganana kitu?. Da abdi mah teu ngado'a supados sumur ibu teu ngocor caina" "Hih ari Kang Endut bet mikir teh kamana-mana, eta mah rejeki, atuh kuring oge sugema sumur bisa ngocor deui caina", Ceuk kuring teh bari nyerengeh. Tapi waktu balik Kang Endut, kuring rumpu-rampa kana saku tukang, inget kana eusi dompet. Alah ....siah, duit tinggal saeutik deui, mangkaning ka tanggal hiji aya saminggu deui .....hehehehehe BAktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the new Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

