rampes kang (punten pami lepat ngaakangkeun),
 
punten yeuh bade ngalempengkeun heula. nu nyerat sanes kuring tapi kang ajip rosidi, da geuning sim kuring mah boro bisa kana surat serat, henteu ge boa.
 
leres upami urang hoyong kenal ka hiji jalmi kedah tepang langsung, teuteup teras taros. atanapi naros ka jalmi nu kantos tepang, komo bari jeung nyuhunkeun potona upami gaduheun. ngan edas ka nu kantos tepang ka jalmi nu urang hoyong kenal sok aya misleukna. komo tataros kanu can kantos tepang mah nya.
 
tah kitu deui panginten upami urang hoyong kenal ka siliwangi. ngan sim kuring mah ngarumaoskeun teu apal jalanna kedah kamana. naroskeun kanu kantos tepang langsung, saha jalmina? palingan panginten naros nu ngelmu permeureunan. kantos tepang dina pangimpenan, meureun. kantos tepang di tempat karomah, meureun. kantos kenging gerentes (harewos), meureun.
 
tiasa oge kenal ti titinggal sajarah siliwangi. tah ieu mah ngantosan ahli sajarah panginten, da ngarumaoskeun deui sim kuring mah sanes ahlina. mun ditingal tina kasauran (seratan) kang ajip mah, cenah buktos sajarah ngeunaan siliwangi teh masih sakeudik, panginten eta teh tangtangan hususna kangge sajarahwan sunda kanggo naranjanganna, sina tembong siliwangi sabeuleugeunjeurna. tong kadingdingan ku mistik wungkul, asana mah mistik mah teu acan diaku janten elmu pangaweruh.
 
sakitu wae panginten, punten ah bisi kabudag kabadug.
 
dh
sim kuring alim kedah tepang sareng parabu siliwangi mah, isin. :).
On 6/29/06, shinda neng <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

sampurasun.punten kang dudi sae pisan tulisan teh, ieu
namung obrolan hungkul.
upami bade pendak sareng presiden sae na mah kenal
minimal sareng orang terdekat presiden ke nembe tiasa
pendak langsung sareng presidena.bade langsung atanapi
sarengan asistena.
kitu oge sareng Tokoh Sunda anu disebatkeun ku kang
Dudi nyaeta PRABU SILIWANGI.kedah terang saha wae
rengrengana, tata cara pendakna, lokasina, dll. sanes
milarian ku buku.ari karuhun mah nu ku sim kuring
terang mah tara tulas tulis.
Sri Baduga Maharaja tina hartosna ge nu di pertuan
agung (raja) eta mah sanes nama tapi gelar jiga
presiden gelar pimpinan nagara ayeuna mah.
tah kedah terang nama heula nembe terang kadituna...
punten yeuh kamana wae ngobrol teh.
nuhun

--- Dudi Herlianto < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

.




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke