|
Ieu mah etang etang nambihan carita, nu ka
ideuan ku kang Ndoel sareng kang Dur, duka basa wewengkon mana. Wewengkon
sakainget tea. Prung!
Kang Japra keur ngajentul disisi walungan. Panonna
teu ngiceup ngiceup nempo ka handap. Cai walungan anu umpal umpalan
tur kuleuheu kiruh siga nu ngagupayan manehna. Hatena ngarakacak, sirahna lungleng, dadana ngadadak asa kahempikan
buta,kahayangna hayang sabur-bureun ngejeburkeun maneh lamun ras ka nasib
dirina anu disapirakeun ku bikang. Untungna teu kebat,lantaran beuteungna
ngadadak ngusial mules. Buru buru muru rungkun awi,luak lieuk sakeudeung,geus
ngarasa aman,gog nagog tuluy ngaheujeun, anehna geus tilu hentakan
can kaluar wae. Waktu heujeunan nu ka sapuluh,kareret dihareupeunana aya
tabloid urut, terus dibukaan ari breh teh dina kaca kadua aya poto bikang
keur ngaleng jalu anu umurna dua tikeleun timanehna. Hatena ngarakacak deui,
sirahna lungleng deui, dadana asa kahempikan buta deui, dak dumadakan mulesna
sirna, hatena mamaksa hayang balik deui kawalungan, nek luas bibilasan hayang
ngejeburkeun maneh. Tayohna poto bikang nu aya ditabloid teh taya lian
wanoja anu kungsi nyileumleuman hate manehna.
"Jurig...nya saha nu modol dina conggang? Sugan mah
sayong ieu jalma teh!" ceuk emana kang Japra bari tuang toong kakolong. Ngadenge
kitu kang Japra ngan ukur nyenghel bari ngusapan beuteungna ku leungeun kenca,
ari leungeun katuhuna sibuk mencetan tombol hapena keur nga sms. "Nok, aja lali
ya, kula nteni ning saung wak jarwo teoheun tangkal duren!" Sanggeus rengse
belesur dikirim,kelenong hapena disada tandana smsna geus
katarima.
Beu eta kang Japra asa kagila gila keding,sigana
geus teu inget waktu ngajentul disisi walungan anu meh luluasan nemahan pati,
geus teu inget deui ka bikang anu kungsi nalipak manehna, lantaran ayeuna
geus meunang gebetan anyar,nok asih tea anu haat nulungan waktu manehna nek
sajleng jlengeun luncat kawalungan. Tamat.
syam ridwan
Ka kadang wargi nu teu acan gaduh buku
keom sakedap, mangga diantos ku MJ, meungpeung haneut
keneh,curintik,dibongsangan,dipasihan cengek deuih heu heu...
----- Original Message -----
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Basa wewengkon dina ujaring carita sr
- Re: [Urang Sunda] Basa wewengkon dina ujaring carita brad porenges

