Heuheu...
kecap-kecap antik ...nu nyieun rusras jadi panineungan kuring:
1. bikang (tapi sigana nu nulis dibalieurkeunana rongkah baheula jadi hade teu nanaon lah!)
2. ngarakacak
3. ngaheujeun
4. nyileumleuman
5. curintik
 
Nuhun...
brad,
 


sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah etang etang nambihan carita, nu ka ideuan ku kang Ndoel sareng kang Dur, duka basa wewengkon mana. Wewengkon sakainget tea. Prung!
 
Kang Japra keur ngajentul disisi walungan. Panonna teu ngiceup ngiceup nempo ka handap. Cai walungan anu umpal umpalan tur kuleuheu kiruh siga nu ngagupayan manehna. Hatena ngarakacak, sirahna lungleng, dadana ngadadak asa kahempikan buta,kahayangna hayang sabur-bureun ngejeburkeun maneh lamun ras ka nasib dirina anu disapirakeun ku bikang. Untungna teu kebat,lantaran beuteungna ngadadak ngusial mules. Buru buru muru rungkun awi,luak lieuk sakeudeung,geus ngarasa aman,gog nagog tuluy ngaheujeun, anehna geus tilu hentakan can kaluar wae. Waktu heujeunan nu ka sapuluh,kareret dihareupeunana aya tabloid urut, terus dibukaan ari breh teh dina kaca kadua aya poto bikang keur ngaleng jalu anu umurna dua tikeleun timanehna. Hatena ngarakacak deui, sirahna lungleng deui, dadana asa kahempikan buta deui, dak dumadakan mulesna sirna, hatena mamaksa hayang balik deui kawalungan, nek luas bibilasan hayang ngejeburkeun maneh. Tayohna poto bikang nu aya ditabloid teh taya lian wanoja  anu kungsi nyileumleuman hate manehna. 
 
"Jurig...nya saha nu modol dina conggang? Sugan mah sayong ieu jalma teh!" ceuk emana kang Japra bari tuang toong kakolong. Ngadenge kitu kang Japra ngan ukur nyenghel bari ngusapan beuteungna ku leungeun kenca, ari leungeun katuhuna sibuk mencetan tombol hapena keur nga sms. "Nok, aja lali ya, kula nteni ning saung wak jarwo teoheun tangkal duren!" Sanggeus rengse belesur dikirim,kelenong hapena disada tandana smsna geus katarima.
 
Beu eta kang Japra asa kagila gila keding,sigana geus teu inget waktu ngajentul disisi walungan anu meh luluasan nemahan pati, geus teu inget deui ka bikang anu kungsi nalipak manehna, lantaran ayeuna geus meunang gebetan anyar,nok asih tea anu haat nulungan waktu manehna nek sajleng jlengeun luncat kawalungan. Tamat.
 
syam ridwan
Ka kadang wargi nu teu acan gaduh buku keom sakedap, mangga diantos ku MJ, meungpeung haneut keneh,curintik,dibongsangan,dipasihan cengek deuih heu heu...
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, June 29, 2006 7:01 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Pelajaran Bahasa Sunda di Sekolah Kering dan Menjemukan

Urang teruskeun, nya, dongengna. make basa sunda ciayumajakuning (cirebon-indramayu-majalengka-kuningan);

Karek sakeudeung nagog ti rungkud beulah ditu kadenge sora ting korosak. Japra kaget. Sajongjonganmah manehna nyeuleukeun ka asal sora. Teu lila leor bae kaluar ula sagede ping-ping jama. Atuh tangtu japra biraraeun. Berebet bae manehna lumpat sakalumpat lampet bari ngagorowok, "aya ulaaaaa!!!!". Saroalnamah tinggaleun diurut manehna nagog.

Sanggeus jauh ti tempat datangna ula japra eureun tina lumpatna. Ngareureuh sakeudeung bari nyelede teoheun tangakal turi. Teu lila manehna ngarasa aneh. Naha dina lebah liang taina asa laleget jaba geuning bobogaana teh asa ting siriwing tiis katebak angin. Panasaran manehna ngarampa boboganana, "euleuh, naha aing teu di saroal? Kamana saroal aing, euy? Oh...enya tinggaleun ditempat ngising. Jaba urang can cecewok deuih" Nyaho kitu mah japra teh balik deui ka tempat tadi bari liak lieuk sieun katimu ula deui. Maksudmah rek nyokot calana jueng sakalian cewok di sisi hawangan.

***

Peutingna japra sanajan geus ngagoler di ranjang dipan  anggeur bae teu bisa  hees. Lain pedah karang huluna anu henteu empuk, lain pedah can nyatu kejo (can nyatu mah lantaran deungeuna teu enak. Ngan aya goreng dage, mirong, celem asem, jeung pia-pia), tapi masih kaingetan keneh kajadian keur beurang.

(geus ah. Rek neruskeun deui pagawen. Nginstall linux ubuntu).
 



On 29/06/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, hayu urang tengetan :

-Dongeng 1-

Kang Japra keur sanggetul disisi hawangan, matana teu kiceup-kiceup
nyeuleu ka teoh, kana cai nu kiruh. Sarua kiruhna jeung
pikiranana. Huluna karasa menit pisan, dadana heneg. Keur kitu
ujug-ujug beuteungna karasa mules, tajam ngising. Buru-buru bae
manehna lumpat kana ruyuk awi, gog nagog tuluy ngaheujeun.




--
Wasalam,
Durahman


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke