Nu Meser: "Mang, endogna sabaraha sakilo?"
Tkng Warung: "endog hayam atawa endog bebek?"
Nu Meser: "Endog hayam."

Tkng Warung:  "Ndog hayam biasa atawa hayam kampung?"
Nu Meser: "Hayam biasa."

Tkng Warung: "Nu lokal atawa nu  import?"
Nu Meser:  "Nu lokal wae."

Tkng Warung: "Nu lokalna Palay anu ti  Jakarta, Bogor atawa Depok?"
Nu Meser: "Nu  ti Jakarta weh..." (Bari jamedud keuheul).

Tkng Warung: " Bade nu Jakarta Pusat, Barat, Timur, Utara,
Selatan,kaler,kidul,wetan atawa kulon?"
Nu Meser: "Mang iyeu teh icalan endog atanapi bade pakansi?"
Tkng Warung: "Punten Neng, uing mah tukang Mieh hayam di sabeulah.  Kaleresan nu
icalan endog nuju ka pengker. uing dipiwarang ngobrol heula jeung nu meser dugi ka anjeunna dongkap."

================================

Aya wartawan nuju ngawawancara hiji hijina panumpang anu salamet
tina  kacilakaan pesawat (sakadang monyet sirkus nu tiasa nyarios)

m : monyet
w : wartawan

w: nyet, Tiasa nyaritakeun sabab musababna kacilakaan?
m: Tiasa

w: waktos pesawat take-off jalmi-jalmi nuju naon wae?
m:  panumpang calik-calik, pramugari gerak-gerak (maksudna keur
meragakeun cara  nyanghareupan kacilakaan), pilot nyepeng setir.

w: maneh keur naon?
m: abdi  calik-calik.
 
w: Sanggeus 10 menit di awang-awang, jalmi-jalmi nuju naon ?
m:  panumpang calik-calik, pramugari leuleumpangan (ngabagikeun snack),
pilot nyepeng  setir.

w: maneh keur naon?
m: abdi  emam cau.

w: Sanggeus 20 menit, jalmi-jalmi nuju naon ?
m: panumpang leuleumpangan (ka  toilet, jsb), pramugari leuleumpangan
ngalayanan panumpang), pilot nyepeng setir.

w: maneh keur naon?
m: Abdi calik-calik

w:  Sanggeus 30 menit, jalmi-jalmi nuju naon ?
m: panumpang Sasarean, pramugari leuleumpangan (ka ruang pilot),
pilot nyepeng setir.

w: maneh keur naon?
m: Abdi leuleumpangan (nuturkeun pramugari).

w: sanggeus 45  menit, jalmi-jalmi nuju naon?
m: panumpang kasarean, pramugari nyium pilot, pilot  ngarespon.

w: maneh keur naon?
m: abdi nyepeng setir.

======================

-kurupuk-
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke