urang cobaan ngawalernya;

Nu mana basa sunda nu baik dan benar? Jawabna, numutkeun simkuring, kabeh oge benar ceuk penuturna. Basa sunda di cirebon bener ceuk urang cirebonna, basa sunda di banten bener ceuk urang bantena, jst. Tah kukita kuring miharep pisan ka urang priangan nu basa sunda alus saenamah ulah nganggap basa sunda di cirebon teh kasar. Da ceuk urang cirebona-mah geus bener. (soalna kuring sering pisan ngadangu kecap ieu. Kecap nu memponis yen basa sunda di sayah, di cirebon, kasar).

Basa sunda standar? Saleresnamah teu aya nu dingaranan basa sunda standar. Nah nu ayeuna diajarkeun di sakola-sakola etateh basa sunda standar sanes? Hm....siganamah kitu. Etateh keputusan pemerintahan jaman belanda nu sampe ka ayeuna diteruskeun ku pamarenatahan urang. Harita pamarentah walanda bingungeun basa sunda mana nu rek diajarkeun di sakola-sakola. Sanggeus mikir kaditu-kadieu ahirna diputuskeun basa sunda "Bandung" nu dijadikeun bahan ajaran di sakola-sakola di jawa barat.

Mun teu aya basa standar kumaha? Nya...meurun alusnamah ayakeun wae basa standar. Kepentinganana ngarah aya pemersatu antar dialek basa wewengkon. Jadi mun urang cirebon katimu jeung urang bandung basa sundana bisa nyambung.

Tos ah sakitu heula. Punten pang menerkeun bisi aya tulisan kuring anu salah.


On 30/06/06, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum wr.wb.
Langkung ti payun simkuring bade "perkenalan" heula ka sakumna parawargi nu gabung di mailist kusnet ieu
Nepangkeun, wasta Simkuring Teguh, ari kawit mah pituin ti Sumedang, mung ayeuna nuju nyuprih ilmi miluruh elmu di "Institut Tatanen Bogor", Alhamdulillah tos Semester 8 ayeuna teh. 
Nah, abdi kataji ku basa wewengkon....
Saatos abdi maca dongeng nu ngangge basa Wewengkon, abdi nembe uninga yen Geuningan basa Sunda teh "beragam". Sapertos motto Negara Kesatuan Republik Indonesia, "Keberagaman Harus Dipandang Sebagai Kekayaan bukan Sebagai Pemecah-belah Persatuan dan Kesatuan ", Janten ayana Basa Wewengkon teh mugia we tiasa Memperkaya "vocabulary" basa Sunda, sareng nandakeun Kaluhungan Intelektual Urang Sunda nu Tiasa Nyiptakeun Basa nu Seueur. 
Nanging, abdi aya hiji patarosan, Saleresna Basa Sunda Yang Baik dan Benar nu mana?Basa Priangan Barat, Priangan Timur, Kuningan atanapi Banten??, Pan ari Basa Indonesia mah aya Basa Indonesia Wanda "Ejaan Yang Disempurnakan",Eta Wanda teh Wajib diangge Dina Acara - acara Resmi Kenegaraan, Karya Ilmiah, sareng sajabana.
Abdi gaduh Pamadegan yen, saleresna mah Basa Sunda ge kedah aya Versi "Ejaan Yang Disempurnakan"-nana, Supados Urang Terang Mana Basa Sunda nu Leres sareng nu Lepat. Upami teu aya nu kitu, Abdi Inggis Basa Sunda beuki dieu beuki "menyimpang", oge mempersulit hubungan komunikasi antar Urang Sunda Nyalira. oge upami tiasa mah, Dongeng-dongeng dina basa Wewengkon nu  bade Disebarluaskeun Sa-tatar Pasundan, dialihbasakeun ka Basa Sunda nu dipikahartos ku Mayoritas urang Sunda. Soalna, rada susah dimengerti oge basa Wewengkon teh geuning, Sapertos maca dongeng kiriman milist, abdi kedah maca sabar balikan bari ngartos.
NAh, sakieu wae ti abdi, Hapunten bilih aya kalepatan, boh dina Grammar-na oge makna kata na.
Wassalam CAg Ah.....
  



--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke