ngalalarkaeun majalah sampurasun

Sampurasun ....

Mun aya kecap sampurasun biasana sok diwaler ku
rampes. Nang kecap sampurasun eta sok diangge mun
urang papanggih boh jeung dulur atawa babaturan mun
keur papanggih. Kecap sampurasun sorangan di hiji
wewengkon aya nu ngandung hartos sampurana ning insun
nu hartina sampurna na nu kagungan alam ieu, mun urang
islam tea mah Assaalamualaikum wrwb. Tapi aya deui
hartos sampurasun teh ceuk urang bogor tea mah sampura
sun, baheula lain sampura. Tah aya deui mun kecap pun
sok diwaler ku kecap sapun. Balik deui ka sampurasun,
ieu kecap teh bakal dijieun majalah sunda hususon
bogor. Nya ieu majalah sampurasun teh ceuk nu boga
idena, basa manehna cicing di terminal bubulak bingung
neangan ngaran keur majalah sunda ieu, teu lila
manehna meunang ide make sampurasun. Ieu majalah
sampurasun teh bakal dilalarkeunna ping 15 juli di
gedung sipatahunan kota bogor, nya ari format na mah
aya rubrik "bodor,opini, laporan pandangan mata" jeung
sajabana. Jeun deui kandelna aya kana 40-60 kaca ,
habeu / bangong (mun ceuk urang kasepuhan banten kidul
tea mah) kandel jasa. Basa cacahan jeung kang dadang
basa di Padepokan Giri Sunda Pura teh, ieu majalah
medal na sabulan sakali, kusabab waragad tea,  jeung
medal na 5000 exemplar. Jeung aya ku aneh jasa, basa
"ngapromosikeun" ieu majalah ka sakola-sakola nu aya
di bogor, nya "promosina" make basa sunda, aya guru
sakola nu teu nyaho kecap medal habeu/bangong. Nya
sanajan kitu oge urang ngarasa reueus lah aya hiji
deui koran nu bakal nanjeurkeun deui sunda / punten
lain sunda nusantara. Mun teu kuurang kusaha deui, mun
teu ayeuna iraha deui ngamumule jeung mulasara
titinggal kolot baheula (kampung dukuh)

paralun
beusi nyatur nakul galur
beusi nyarita pasaliya seja
beusi ngalalakon pacorok omong
paralun
(pantun bogor)


Pun Yayan 
www.geocities.com/serentaunsindangbarang
http://serentaunsbr.multiply.com
www.geocities.com/jajaka_subang




        
        
                
___________________________________________________________ 
All new Yahoo! Mail "The new Interface is stunning in its simplicity and ease 
of use." - PC Magazine 
http://uk.docs.yahoo.com/nowyoucan.html


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke