|
MmmmmÂ….meuni hese tatarucingan teh Kang (abdi ge tikerung-kerung wae....) Ngiring nyobian neguh nyaa... Kumaha pami diliarkeun odeng jalu? pasti terangeun panginten ka putri mahÂ… Mana-mana nu dieunteupan pangseueurna ku odeng, tah eta putrina... Mamanawian ieu ge... heheh. ro2. >>> [EMAIL PROTECTED] 07/04/06 02:25PM
>>>
__._,_.___
Ceuk ujaring carita, aya hiji pendeta nu keur tatapa di puncak gunung. Selang-selang tina tapana, eta pendeta teh jadi patani kembang srangenge. Cenah mah, aya kana rebuna tangkal kembang srangenge nu dipiarana teh. Duka teuing kumaha mimitina, diantara rebuan tangkal kembang srangenge, aya hiji tangkal nu dikutuk ku dewa jadi putri geulis. Tangkal kembang nu dikutuk teh cenah, upama mangsa peuting salin jinis jadi putri sarta dipigarwa ku hiji satria. Tapi upama mangsa geus rek beurang, eta putri teh kudu balik deui ka kebon kembang sarta jadi deui kembang srangenge. Hiji mangsa si pendeta ngaroris kebon kembangna, rek ngayakeun sensus pepelakanana. Tetela cenah, lobana tangkal nu disensus dina mangsa beurang punjul hiji ti hasil sensus mangsa peuting. Sanggeus ngayakeun panalungtikan, si pendeta meunang beja, yen aya hiji tangkal srangenge nu tiap peuting dikutuk jadi manusa. Hanjakalna si pendeta can apaleun pikeun nangtukeun, tangkal kembang nu mana nu di kutuk teh. Maklum aya rebuan tangkal kembang srangenge nu wandana sarua. Cing baraya, bantuan si pendeta, kumaha carana supaya bisa nangtukeun tangkal kembang srangenge nu dikutuk jadi putri tea. Salam, MH ===== Situs: http://www.urang- [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri mh
- Re: [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri Nila Erma Agustini
- [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri irpan rispandi
- RE: [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri Asep Sudrajat - [ACC]

