Bade ngiring ngawaler yeuh, tapi kenging walerana dua?
jawaban kahiji :
sauran we namina Wanda, upami kembangna teras nembalan atanapi arah
kembangna malik ka urang  tah katimu si putri teh

jawaban kaduana :
Tingalina di siang-siang, mun kembangna tungkul wae tah pasti si putri da
eraeun ku panonpoe manehna dikutuk Dewa, kan ari srangenge mah justru
megarna teh ngarah ka arah panonpoe?

baktos,
emme
----- Original Message -----
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Tuesday, July 04, 2006 4:13 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re : quiz: neangan putri


> Hehehe, Teh Roro, sok lah teguh deui geura. Toong ti
> sababaraha jurus geura, tangtu kapandak.
>
> MH
>
> --- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Mmmmm*.meuni hese tatarucingan teh Kang (abdi ge
> > tikerung-kerung wae....)
> > Ngiring nyobian neguh nyaa...
> > Kumaha pami diliarkeun odeng jalu? pasti terangeun
> > panginten ka putri mah*
> > Mana-mana nu dieunteupan pangseueurna ku odeng, tah
> > eta putrina...
> > Mamanawian ieu ge... heheh.
> >
> > ro2.
> >
> >
> > >>> [EMAIL PROTECTED] 07/04/06 02:25PM >>>
> > Ceuk ujaring carita, aya hiji pendeta nu keur tatapa
> > di puncak gunung. Selang-selang tina tapana, eta
> > pendeta teh jadi patani kembang srangenge. Cenah
> > mah,
> > aya kana rebuna tangkal kembang srangenge nu
> > dipiarana
> > teh. Duka teuing kumaha mimitina, diantara rebuan
> > tangkal kembang srangenge, aya hiji tangkal nu
> > dikutuk
> > ku dewa jadi putri geulis. Tangkal kembang nu
> > dikutuk
> > teh cenah, upama mangsa peuting salin jinis jadi
> > putri
> > sarta dipigarwa ku hiji satria. Tapi upama mangsa
> > geus
> > rek beurang, eta putri teh kudu balik deui ka kebon
> > kembang sarta jadi deui kembang srangenge.
> >
> > Hiji mangsa si pendeta ngaroris kebon kembangna, rek
> > ngayakeun sensus pepelakanana. Tetela cenah, lobana
> > tangkal nu disensus dina mangsa beurang punjul hiji
> > ti
> > hasil sensus mangsa peuting. Sanggeus ngayakeun
> > panalungtikan, si pendeta meunang beja, yen aya hiji
> > tangkal srangenge nu tiap peuting dikutuk jadi
> > manusa.
> > Hanjakalna si pendeta can apaleun pikeun nangtukeun,
> > tangkal kembang nu mana nu di kutuk teh. Maklum aya
> > rebuan tangkal kembang srangenge nu wandana sarua.
> >
> > Cing baraya, bantuan si pendeta, kumaha carana
> > supaya
> > bisa nangtukeun tangkal kembang srangenge nu dikutuk
> > jadi putri tea.
> >
> > Salam,
> > MH
> >
> > =====
> > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> >
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke