Kanggo Aa Persib,
 
Serat walonan Aa paraontos katampi ku Euis, sareng neda dihapunten Euis ku Aa.
Cindekna mah A, "summary" Euis ngeunaan globalisasi dunia teh...
 
1. Sanes Aa teu ganteng tapi punten aya nu langkung ganteng deui nyaeta Aa from the franc
2. Sanes Aa teu beunghar tapi punten aya nu langkung beunghar deui, sok tinggal aya zizau, thierry henry, vierra, willy, gallas, maouloda, thuram, franck libery sareng matil lele, dumbo deuih....pan euyeub  A!
 
Aa teu kedah jeprut nya...emut kasauran ajengan Zaenuddin MZ "Masih banyak perawan dan janda yang menunggu uluran tangan kitaaaaaaa".
 
baktos,
 
Euis nu gubay-geboy
 
 
 
 


Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kanggo euis gibol,
 
surat ti euis tos dibaca ku aa. sedih ... sedih aa mah, pilakadar aa gagayahan di juru liang panto euis tega pindah hate pindah tampian. rumaos talajak aa dina musim ieu goreng kacida. mun teu karna pitulung pa bli mah boa kumaha nasip aa. tigebrus tisuntrung ngoleang ka jungkrang boa. ngan...
 
upami ningal ka beubeureuh babaturan aa. kalakuan euis kacida pisan. euis tangtos apal ka neng bonek. urang jawa nu pernah dikenalkeun kapungkur basa aa ngalanglang ka lemah wetan. di stadion tambaksari tea. neng bonek sakitu satia satuhuna. padahal nu dipicinta tigebrus ka jurang divisi I. malahan mah neng bonek pernah ngucap kieu, "kang mas ijo, sanajan kang mas ayeuna pendek bau guyang dina comberan. diajeng moal pindah hate pindah piluncateun. diajeng bakal tetep nungguan mas di tribun. diajeng tetep bakal mantengan mas di tipi urang. moal galider sanajan dina tipi sejen loba nu leuwih gagah, leuwih kongas, leuwih perkasa tibatan kang mas." aa nguping kekecapan neng bonek ieu teu nambut cepil batur estu kakuping ku cepil aa nyalira. emut kadinya aa nganaha-naha ka euis. tega euis mah!
 
ah, aa teu tiasa sagemblengna nyalahkeun euis. ngan... aa mah ngarasa nyeuri hate. euis ukur daek maturan, pas aa keur senang. keur aya dina kadigjayaan. waktuna aa cilaka, euis ngeujat pindah panyireukeuman ka hate si jerman. padahal aa leuwih senang diwayuh. euis ngabagi hate keur aa jeung si jerman. 100 persen keur aa, 100 persen deui jeung si jerman. aa leuwih ridho. tibatan ditingalkeun aa mah leuwih hade dicarekan laklak dasar.
 
ah kitu ge panginten tos janten pilihan euis. tangtos euis teu sagawayah mutuskeunna nya? tos dibeuweung diutahkeun dibeuweung deui diutahkeun deui panginten. sakitu wae ti aa. diduakeun ku aa sing lana jeung si jerman. keun panginten aa mah milarian euis-euis nu sanesna wae. euis gibol mah teu kedah mikiran nasip aa. ayeuna mah urang silih duakeun we. nyeuri nu ku euis dipalengpengkeun teu janten geuneuk maleukmeuk. tapi sing janten jiga cameuti nu ngalumpatkeun sado leuwih gancang.
 
ukur hiji peupeujeuh ti aa keur euis. sing satia!
 
 
aa persib tea,
nu katinggang taraje
On 7/4/06, sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanggo aa Persib
Rumasa baheula kungsi kapengpeongan,kajamparing ati kapentang panah asmara ku aa Persib. Tapi saprak aa Persib ingkar tina kahayang hate, teu jadi kareueus deui malah sabalikna sok nyieun wiwirang, rasa katresna anu baheula ngagunung sagede  galunggung, lambat laun jadi suwung. Padahal ti baheula, teu bosen bosen nyumangetan sangkan tali katresna urang tetep nyangreud. Tapi buktina, beuki deui teh asa jauh ti harepan. Kukituna tong ngananaha lamun abdi milarian deui tempat panumplekan kadeudeuh salian ti aa Persib. Da bongan sorangan sok salah dipikaheman. Sanajan enya cinta teh pinuh pengorbanan tapi ari nepikeun ka ngorbankeun perasaan mah ke heulaanan.
 
Punten nya aa Persib, sanes abdi rayungan sumawona bade midua hate, rumasa dina danget ieu nuju kabengbat ku hiji jajaka anu tiasa nyumponan kahayang hate, matak reueus nu nempo, matak pogot nu nenjo, raray indo, pangawakan jalugjug jangkung tur kuat daya gempurna, nya taya lian aa Jerman tea. Baheula rumasa abdi sok ajrag ajragan poho kaera nyumangetan aa Persib, tapi ayeuna ulah majar kumaha, ulah ngananaha, komo nepikeun ka ngaheab panas, lamun abdi ceuceuleuweungan tur nepikeun ka nyingsatkeun anderok, bakating ku reueus ka aa Jerman.
 
Aa Persib, waktu nu kaliwat urang jadikeun we kenangan, da ayeuna mah abdi tos gaduh pangancikan hate. Ngan omat teu kedah pondok harepan, da saupami aa Persib bisa ngarobah sikep, tiasa nyumponan kahayang hate tur jadi kareueus sarerea, teu pamohalan duriat abdi anu baheula kungsi ngagedur tiasa lelentaban deui. Sakali deui sanes abdi raja tega luluasan megatkeun tali duriat, ieu mah etang etang masihan tanjakan ka aa Persib, sugan wae mikir, pupuriheun atuh tiasa ngungkulan aa Jerman dina sagala rupina. Najan kitu, abdi moal ngaleuleungit, kanyaah,kaheman aa Persib anu baheula kungsi ditembrakeun ka abdi tetep ngancik dina hate. Aa Persib wayahna ayeuna mah urang TTM-an wae nya, Temen Tapi Merana, da bongana ari maen teh sok merana wae. Baktos abdi, Euis Gibol.
 
syam ridwan
Kabaraya anu teu mirasa kana seuri, ayeuna tos medal landong nu mujarab nyaeta ramuan "Keom Sakedap" mangga toel MJ kanggo nebus resepna atanapi kapayuna tiasa digaleuh di TB langganan baraya.
 
.




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke