Gampanglah, pilari wae siangna anu daun sareng kolopak kembangna baraseuh eta tangkal anu wengina janten putri. Margi samemeh mulih deui ka kebon, eta putri anu dipigarwa ku satria tea kedah adus heula. Mungkin wae adusna ngangge shampoo. Janten anu bau shampoo eta nu janten putri.
Putri tea sareng satria sawewengi damelna naon wae pan?
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk ujaring carita, aya hiji pendeta nu keur tatapa
di puncak gunung. Selang-selang tina tapana, eta
pendeta teh jadi patani kembang srangenge. Cenah mah,
aya kana rebuna tangkal kembang srangenge nu dipiarana
teh. Duka teuing kumaha mimitina, diantara rebuan
tangkal kembang srangenge, aya hiji tangkal nu dikutuk
ku dewa jadi putri geulis. Tangkal kembang nu dikutuk
teh cenah, upama mangsa peuting salin jinis jadi putri
sarta dipigarwa ku hiji satria. Tapi upama mangsa geus
rek beurang, eta putri teh kudu balik deui ka kebon
kembang sarta jadi deui kembang srangenge.
Hiji mangsa si pendeta ngaroris kebon kembangna, rek
ngayakeun sensus pepelakanana. Tetela cenah, lobana
tangkal nu disensus dina mangsa beurang punjul hiji ti
hasil sensus mangsa peuting. Sanggeus ngayakeun
panalungtikan, si pendeta meunang beja, yen aya hiji
tangkal srangenge nu tiap peuting dikutuk jadi manusa.
Hanjakalna si pendeta can apaleun pikeun nangtukeun,
tangkal kembang nu mana nu di kutuk teh. Maklum aya
rebuan tangkal kembang srangenge nu wandana sarua.
Cing baraya, bantuan si pendeta, kumaha carana supaya
bisa nangtukeun tangkal kembang srangenge nu dikutuk
jadi putri tea.
Salam,
MH
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or. id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
_____________________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

