Hahahaha, Kang Dudi, ampir tepat tah jawabanana. Ngan tibalik. Sabab pasalia sareng kailaharan elmu alam tutuwuhan.
Justru cenah, pilari kembang nu kolopak kembangna tuus, teu aya ciibunan. Tah eta pasti putrina. Sabab kembang sanesna mah pasti baseuh aya ciibunan. Salam, mh --- dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Gampanglah, pilari wae siangna anu daun sareng > kolopak kembangna baraseuh eta tangkal anu wengina > janten putri. Margi samemeh mulih deui ka kebon, eta > putri anu dipigarwa ku satria tea kedah adus heula. > Mungkin wae adusna ngangge shampoo. Janten anu bau > shampoo eta nu janten putri. > > Putri tea sareng satria sawewengi damelna naon wae > pan? > > mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ceuk ujaring carita, aya hiji pendeta nu keur tatapa > di puncak gunung. Selang-selang tina tapana, eta > pendeta teh jadi patani kembang srangenge. Cenah > mah, > aya kana rebuna tangkal kembang srangenge nu > dipiarana > teh. Duka teuing kumaha mimitina, diantara rebuan > tangkal kembang srangenge, aya hiji tangkal nu > dikutuk > ku dewa jadi putri geulis. Tangkal kembang nu > dikutuk > teh cenah, upama mangsa peuting salin jinis jadi > putri > sarta dipigarwa ku hiji satria. Tapi upama mangsa > geus > rek beurang, eta putri teh kudu balik deui ka kebon > kembang sarta jadi deui kembang srangenge. > > Hiji mangsa si pendeta ngaroris kebon kembangna, rek > ngayakeun sensus pepelakanana. Tetela cenah, lobana > tangkal nu disensus dina mangsa beurang punjul hiji > ti > hasil sensus mangsa peuting. Sanggeus ngayakeun > panalungtikan, si pendeta meunang beja, yen aya hiji > tangkal srangenge nu tiap peuting dikutuk jadi > manusa. > Hanjakalna si pendeta can apaleun pikeun nangtukeun, > tangkal kembang nu mana nu di kutuk teh. Maklum aya > rebuan tangkal kembang srangenge nu wandana sarua. > > Cing baraya, bantuan si pendeta, kumaha carana > supaya > bisa nangtukeun tangkal kembang srangenge nu dikutuk > jadi putri tea. > > Salam, > MH ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

