nu muslim sanes wungkul zidan, tapi aya nu sanesna sapertos henry: nu kantos nolak jilbab--tapi sanggeus lebet islam mah anjeunna ukur kaduhung ngadukung pamarentah perancis. anjeunna teh terah sinegal, nagara beh kalereun pisan republik islam mauritaniya. zidan terah algeria atawa aljazair arabna mah. frank riberi oge urang islam bojona mah terah maroko. bojona ieu nyumangetan nu jadi caroge. saurna riberi mah sok ngaos heula alfatihah pami bade tandang teh. vieri oge islam. mantan pamaen perancis entragan zidan pami teu lepat nyaeta anelka, inyana oge islam, nu mana kantos umroh sareng babaturanna nu pemain bola.
 
duka tah panca kakina masih keneh nyambung teu jeung dulurna ti nagara sewang2an. pami di urang mah urang arab nu di indonesia masih keneh manjangkeun duduluran jeung barayana nu di yaman atawa saudi arabia.
 
nu penting mah engke pinal sing sportip saha wae nu kenging, ulah kawas inggris nu rasis ahirna ka naraka hehe maksud teh keok. kuring kurang sreg mun inggris maen bola teh, naon cing? enya eta tah kasar euy...sepanyol ge kurang leuwih sumawonna  hehe..
 
baydewek eh by the way urang tingkatkeun roh sportip, jsb....
hapunteun ngaler ngidul.....
 
catatan jang kleub jerman: basa maen jeung italy pamaen jerman meni rada kasar: ngereteg na hate kuring: wah kieu carana mah kurang mernah maen teh. tuda maen teh kudu sineger tengah ulah nafsan/ nafsu ahirna kan basa gol kahiji ka jerman-- bek sakitu lobana ti tukang , aya penyerang italy teu dijagaan ahirna blos weh bola ka lawang si lehmann. ti dieu bisa katangar jiwa bek jerman kabawakeun ku emosi penyerang jerman nu rada kas2/ kasar.
 
catatan deui oge: ieu salah sahiji pamendak kuring bisa salah bisa bener.
 
cag ah....

maman durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ooh. Kutan kituw, kang? Nuhun nya informasina. Soalna ayeuna kuring teh bingung final engke rek ngadukung saha. Jagoan kuring portugal geus eleh. Nya geus bae atuh ayeuamah kuring rek ngadukung francis. Si ayam jantan dari timur tea. Ups!!!. Asa aya nu salah. Ayam jantan dari timur mah landihan PSM Makassar tea, nya?


On 06/07/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari ceuk kuring mah, perancis ngelehkeun Portugal teh
hiji kabanggaan jeung asa ngawakilan urang afrika
jeung Asia hususon urang Islam. Sabab kang Udin
Zaenudin (zinedin zidan) bintang kasebelasan Perancis
anu hiji-hijina muslim.

Lamun engke dina partai final, pasti kalolobaanana
"gibol" urang Indonesia mihak ka Perancis. Zinedin
zidan teh geus jadi ikon jeung idola pikeun para gibol
mah, sok sanajan umurna nincak ka 34 taun. Lamun urang
mikir sacara religius mah, cik atuh Allah teh
nunjukkeun kakawasaanana ku cara meunangkeun Perancis,
zinedin zidan meunangkeun sapatu emas. Sabab lamun
Italy anu juara teu aya pangaruhna
naon-naon,paling-paling para mafioso beuki mahabu
ngatur skor pertandingan. Tapi lamun Perancis juara,
bisa jadi larangan buka jilbab di sakola jeung kantor
pamarentahan Perancis bakal dicabut.
(ih.., kalahka ngatur kana kakawasaan Allah sagala,
geuning. Punten ah!)

baktos,

mrachmatrawyani

---

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke