Kang Andi, nepangkeun abdi Roro….
 
Hiks…sedih euy maos wartos ieu …
Cik, Kang Andi tong mapanas atuhhhh…meuni asa ngagolak yeuh dada… :(
Ah, tapi ketang kanggo naon diemutan bilih teu damang…Da jodo mah teu tiasa dihoyong-hoyong, teu tiasa dialim-alim. Diantosan dudana, da teu kantenan iraha-irahana kabujeng janten nini-nini….ih..sorry dory mory…pokona kedah sumangedh!
 
Aeh muhun, kamari uih ngantor abdi dijemput ku Kang Parman diajak jalan-jalan ka BIP. Kaleresan anjeuna teu nganggo acuk dines alias nganggo preman. Gampil bilih aya nanaon mah kantun digentos pan? Anjeuna nyuhunkeun dipoto, tadinamah alim, da isin atuh…matak dina potona ge abdi mah siga nu asa-asa. Hoyongnamah kumahaaaa…kitu (Gimanaaa gettho…) da emut…babakunamah sanes muhrim….
 
Disidik-sidik meuni jauh tangeh, Kang Parman mah bodas, herang meuni ngagenclang. Ari abdi estuning sawo buruk…tapi ketang da bule mah resep ka urang Asia teh ku lantaran kulitna tea…(ngupahan maneh).
 
Mangga nyanggakeun, pangpangnamah ka Kang Eddy nu keukeuh hoyong ningali abdi sareng Kang Parman. Omat tong diseungseurikeun, angguran mah daru'akeun meh janten, manawi jodo aya 3 kauntungan (ih, siga dagang wae nya?) :
1. Janten caroge,
2. Tiasa ngajak janten mualaf (pan kenging pahala tah…) 
3. Ngalereskeun turunan memperbaiki keturunan…heheh.
 
Cutiw heula ah 2 dinten bade ka Jawa Timur jajap pun alo….mangga baraya dikantun heula nyaa…
ro2
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 07/07/06 10:25PM >>>
Teteh2 Baraya Kusnet

Nyanggakeun info Kang Ari ngadahup sareng Teh Inge

Baktosna

Andi

&&&&&&&&&&&&&

kapanlagi.com

Resmi Sudah Arie Wibowo Jadi Suami Inge Anugrah

Laporan Wartawan KCM Eko Hendrawan Sofyan

JAKARTA, KCM - Aktor Arie Wibowo akhirnya melepas masa lajangnya
dengan menikahi Inge Anugrah. Pemberkatan berlangsung secara
sederhana di the Four Seasons Hotel, Kuningan, Jakarta Selatan pada
Jumat (7/7) pukul 17.30 WIB.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

<<attachment: Abdi_&_Kang_Parman.jpg>>

Kirim email ke