Baraya Kandaga,

Sakedik pamendak/sakaterang abdi ngeunaan Insinyur Indonesia:

1.      Kumaha detailna data PII yen Insinyur Indonesia dibayar 1/10 
insinyur asing? Upami ngabandingkeun kedah `apple to apple` maksadna 
ahli sareng ahli? Teu tiasa ngbandingkeun insinyur Indonesia anu 
nembe lulus sareng insinyur asing anu tos pangalaman puluhan taun 
atuh,.....naha data ieu tos ngabandingkeun data anu lengkep atanapi 
mung statement politik sesat wungkul ?

2.      Upami ngabandingkeun sami2 ahlina biasana;  Ir asing anu 
didamel di indonesia kenging tambihan kompensasi kumargi biasana 
nyandak kulawargina ka Indonesia; aya biaya relokasi. Upami 
Indonesia kenging bantuan misalna ti nagara Eropah; seuseueurnamah 
ieu paket anu disebat bantuan teh diimplik-implikan ku seueur 
syarat2 na misalna barang2 na (hardwares); teknologina (softwares) 
sareng human resources na kedah nganggo products tinagara anu 
bersangkutan. Biasana maranehna tos nentukeun bantuan tiasa 
direalisasi upami X jam tanagi kerja perjam na Y US $ disayagikeun 
ti aranjeuna; janten anu  nangtoskeun sabaraha si insinyur asing 
sibayar teh seuseueurna sanes Bapenas tapi nagara anu masihan 
bantuan tea kuanjeun; upami ceuk paribahasa urang Perancis mah 
ningan `teu aya makan siang anu gratis`janten anu disebat bantuan 
teh upami ditingal langkung tenget sareng detail mah saleresna nya 
uih deui ka nagara anu bersangkutan ditambihan untungna da bantaun 
teh kedah dibayar bungana ku pamarentah Indonesia. Janten 
saleresnamah anu disebat bantuan teh tiasa dihartoskeun nagara 
besangkutan ngagolangkeun artosna; bari ngical products sareng 
teknologina nganggo tanaga kerja bangsana. Tah upami aya sesana jam 
kerja kanggo insinyur pribumi,...mangga we diemutan pasti padamelan 
na di tenderkeun,.sueur anu mikapalay...upami ditenderkeun bari 
bocor diditu didieu,....sabaraha anu kabagean kanggo para insinyur 
Indonesia?

3.      Ayeuna upami urang sasarengan noong industri penerbangan 
dunia area anu ditekuni ku abdi salami 20 taunan terachir;  Di 
USA,...upami janten karyawan tetap gajih Insinur nembe lulus anu di 
damel di Boeing penghasilan na sataun (sateuacan pajak maksadna 
kotor) sekitar 25 rebu US $ per tahun (= 2 rebu US $ per sasih) atuh 
anu pangalaman nana diatas 20 tahun tiasa dugi ka 60 rebu US & 
pertahun atanapi langkung (5000 US $ per sasih). Ayeuna bandingkeun 
insinyur Indonesia anu didamel kontrak di Boeing (da anu ditampi 
janten karyawan tetap mah sesah pisan sakaterang abdimah teu aya 
warga Indonesia) dibayarna teh anu ahli mah (pengalaman diatas 20 
taun) tiasa dugi ka 60 US $ perjam janten upami sareng lembur 
didamelna dugi ka 200 jam (50 jam per minggu) panghasilan kotor anu 
bersangkutan tiasa dugi ka 12 rebu sasasih. Upami ningal kieu naha 
PII/Bapenas teu masihan statement Insinyur Indonesia dibayar 6 X 
lipat ti Insinyur USA di USA?

4.      Upami urang didamel di perusahaan internasional; 
penghasilan  teh ditangtoskeun sanes ti urang mana (kulit putih 
atanapi berwarna )tapi tina kamapuan atanapi profesionalisme na. 
Contona upami urang sasarengan noong kumaha gajih/penghasilan 
karyawan na PBB (United Nation)  peratuan ieu berlaku ka sadaya na 
bade warga Indonesia bade warga asia, afrika, eropah amerika atanapi 
australia,...Staf ahi  P5 tiasa nampi dugi ka 99 rebu US $ pertaun 
atuh anu golongan na P1 44 rebu US $ pertaun,...ieu teh teu acan 
kalebet kana tunjangan-tunjangan sapertos pendidikan, pulang 
kampung, cuti; anak & istri dll. Tapi upami ditingal langkung detail 
aya sabaraha jumlah staff UN anu warga Indonesia? Aya sabaraha staff 
UN anu urang Sunda? Aya sabaraha seueur staff perusahaan 
Internasional anu urang sunda?         

5.      Tina points diluhur sakedik pamendak abdi dina forum KUSNET 
ieu,...salah sahiji cara kanggo majengkeun urang sunda;  majeng 
ekonomina, majeng politikna atuh majeng budayana (mangga ditingal 
konsep Sunda Moncorongna kang Maman Gatra anu sakitu sae pisan, anu 
kedah dirojong ku urang sadayana upai urang palay ningal urang sunda 
majeng)  ,...diantarana urang sasarengan kedah nyiapkeun barudak 
Sunda tiasa survive di area lokal, nasional regional sareng 
internasional,....ulah mung panghasilan na wungkul anu palay 
profesional tapi kamampuan nana oge kedah profesional. Upami ieu 
barudak tiasa survive maksadna bersaing di dunia 
global;,...kapayunna kumargi tos gaduh networks, gaduh pangalaman, 
gaduh elmu atuh ekonomina majeng,..tiasa janten lokomotif sasarengan 
narik gerbong urang sunda anu sanesna,...kalebet ngamumule budaya 
Sunda na.

6.      Dina danget ayeuna tiasa di sebatkeun yen ku ayana internet 
ngakses informasi teh ampir gratis,....janten internet teh selain 
dianggo kanggo hiburan (chating, silaturahmi, heureuy,informasi) 
saena oge kedah dimangfaatkeun saoptimum na kanggo kamajengan 
profesionalisme urang masing2. Conto anu sederhana (salah sahiji 
conto ngamangfaatkeun internet) upami urang gaduh budak anu sakola 
dina bidang teknologi; salah sahiji universitas anu kalabet 10 
pangsaena didunya nyaeta Massachusetts Institute of Technology 
(MIT); ti taun 1999 MIT teh di internet midangkeun kuliah gratis 
(open course ware); aya 34 jurusan 1800 matakuliah anu dipidangkeun. 
Tina tiap mata kuliah aya kurikulumna; buku pegangan / references 
na , presentsi kuliah2 na; soal ujian2 na malah dugi ka jawaban soal 
ujian taun2 kamari aya dipidangkeun GRATIS didieu ; mangga upami 
baraya kusnet bade ningal tiasa ditoong di 
http://ocw.mit.edu/OcwWeb/Global/all-courses.htm

Punten sanes abdi ngagulkeun kapunjulan urang amerika, maksad teh 
urang candak anu saena,....da MIT open courseware ieu teh 
dimangfaatkeun ku mahasiswa2 ti sakuliah dunya komo bangsa China anu 
utamina mah (duka sabaraha seueur mahsiswa teknologi di Indonesia 
khusus na ITB sareng anu sanes na anu tos tiasa ngamangfaatkeun 
fasilitas ieu,....).    Janten pamendak abdi upami barudak urang anu 
janten insinyur palay gaduh penghasilan profesional sepertos 
insinnyur asing sateuacan na cobi bandingkeun heula naon pangaweruh 
barudak urang bandingkeun sareng pngaweruh bakal saingan na engke. 
Janten upami arnjeuna bersaing misalna di pasar Singapore tos terang 
naon pangaweruh saingan2 nana.

Kanggo baraya kusnet anu bade ningkatkeun elmu pangatahuan na dina 
bidang management sareng business administration (pan 
diajarmah,...urang palay pinter mah ,... teu aya anu tiasa 
ngalarang) mangga cobian ditingal di Sloan School of Management
Anu kalebet 10 MPA pangsaena sa dunya.

7.      Kanggo baraya Kusnet anu gaduh murangkalih,...anu bade 
masihan bekel murangkalihna tiasa survive (=bersaing) di era 
globalisasi saena barudak teh dipasihan bekel panguasaan bahasa 
kanggo ngabuka kamampuan nyiar elmu pangaweruh :

7.1     Bahasa Inggris; seueur pisan fasilitas resouces gratis di 
internet anu tiasa dimangfaatkeun mangga contona  tiasa di cobian 
dimulai ditingal di 
http://www.bbc.co.uk/schools/teachers/ks1literacy.shtml
http://www.bbc.co.uk/schools/teachers/ks2literacy.shtml
http://www.bbc.co.uk/schools/revisewise/english/
http://www.bbc.co.uk/schools/revisewise/english/spelling/
http://www.bbc.co.uk/schools/digger/5_7entry/5_7.shtml

Kumargi internet teh masih keneh kaetang awis pisan; altennatif 
diajar sasarengan group alit ;4- dugi ka 6 murangkalih dibimbing ku 
hiji guru 3 X  1 jam saminggu tiasa dibayar rereongan supados 
biayana langkung mirah. 

7.2     Bahasa China: Numutkeun para inohong bangsa Eropah,...bangsa 
anu bakal kalebet janten bangsa paling maju didunia 20 taun kapayun 
nyaeta bangsa China,....moal katahan bakal nguasai ekonomi 
dunia;,...janten upami barudak tiasa dibekelan 
panggtahuan/penguasaan bahasa china bakal mangfaat pisan.

7.3     Sanaos barudak sunda kedah menguasai bahasa internasional 
aranjeuna oge tangtos kedah menguasai bahasa karuhun na bahasa Sunda.

8.      Punten seratan diluhur mah mung pamendak berdasarkeun 
katerbatasan pangatahuan abdi,...manawi sareng manawi aya 
sabeunyeureun mangfaatna,   upami aya nu kirang merenah mugia ulah 
kirang ngahapunten.

Baktosna

Andi
Nu mikacinta sareng mikadeudeuh urang sunda, tanahna sareng budayana 



--- In [email protected], sara raka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> bangsa indonesia seuer pisan masalahna...
>   salah sahiji pondasi bangsa nu kedah diomean nyaeta sistim 
atikan di sakola jeung birokrasina tur unak-anikna.....memang 
lieur.... tapi pamarentah ulah leutik burih amun masarakatna hayang 
maju......
>   nu di amanatkeun dina uud 45 kudu dilaksanakeun, diantawisna 
anggaran atikan 20 persen kudu dicumponan mun bisa mah ditingkatkeun 
deui...
>   ...
>   conto di handap eta ngan sakadar salah sahijina....loba propesi 
sejen..
>   tapi teu sakompet daun....
>   conto nu nembrak nyaeta TKI atawa TKW. mun pamarentah 
ningkatkeun nyalina oge merhatikeun sagala hak, kaadilan jeung 
tangtuna oge atikan sewang2 disiplin elmu nu diberangkatkeun ka luar 
negri -tenaga kerja--  alus insaalloh bakal mere inkam ka nagara nu 
lumayan gede....
>    
>   filipina nu kristen ngirim perawat ka saudi kwalitasna alus atuh 
bisa nyered urang indonesia nu kabeneran pendidikan saayana. dina 
gajih ge leutik, dunungan mmun atikan urang handap atawa bodo alewoh 
atuh dibobodo malah dijieun budak...
>    
>   mafhumna: insinyur nudidik kitu, kumaha mun kaluran salian/ 
sahandapeun level Ir. ? 
> ceuk paribasana najan 500 taun deui ari sistem, kabijakanna teu 
mihak nu leutik angger weh indonesia teh kieu .....
>    
>   tapi kuring yakin saeutik di indonesia aya perubahan........
>    
>    
>   mangga  hatur nuhun
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           hanjakal teu apal kumaha beja sabenerna... tapi meureun 
nu eta mah lain pernyataan, leuwih pasna mah "ngangluh", sabab 
dibandingkeun jeung tanaga asing mah tinggaleun pisan...
> 
> jk
> 
>   On 07/07/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>               tah eta sigana mah, palebah insinyur Indonesia 100x 
lipat lebih murah dari
> insinyur asing.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> 
>          
> 
>               
> ---------------------------------
> Want to be your own boss? Learn how on  Yahoo! Small Business.
>









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke