Ieu carita teh mangrupikeun kisah nyata di alam nya baraya. Punten bilih aya anu kasabit-sabit nami, sareng lokasin, hapunten pisan.
Lumayan lah kanggo ubar nyeri mastaka. Punten pami rada cawokah atanapi cawokah pisan. He...he....
 
Ieu kisah nyata teh kintun ti rerencangan simkuring di Bandung.
 
NYERI HUNTU
 
Ajeuna sering nyeri huntu, lami-lami kaluman da jadi ngaganggu sagala rupa aktivitas. Waktos nyerina rada ngirangan, aya niat bade dicabut. Teras ngobrol ka Kang Yana, rerencangan di kantor.
"Dimana nya dicabut huntu nu teu nyeri, Kang Yana?"
"Ah, dimana-mana oge dicabut huntu mah nyeri, naha bade dicabut huntu kitu Teh Yati?".
"Muhun, tos teu kiat sering nyeri, ayeuna kaleresan nuju teu nyeri".
'Tong dicabut Teh Yati, dicabut huntu mah nyerina oge dugi kana kanjut".
"Oh, kitu? Ih sieun atuh"
Sabulan ti harita, Kang Yana naros ka Teh Yati.
"Teh, kumaha janten dicabut huntu teh?"
"Ah, teu janten, sieun"
"Naha jeung sieun sagala?"
"Pan saur Kang Yana nyerina oge dugi kana kanjut"
"Naha, pan Teh Yati mah teu kagungan kanjut?'
"Aeh, muhun nya"
Teh Yati janten bareureum rarayna. Bari ngelemes ngaleos.
"Muhun ah, bade atuh dicabut teh".
 
~tamat~
 
Sakitu.

--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke