Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana model ayeuna, make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana kantong jaketna. Rokok nu aya dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan gé satengahna, lung wé rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna.
Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana melong. Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui. Papelong-pelong. "Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekrés deui nyeungeut rokok. "Ah henteu", ceuk bapa-bapa, "Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah wé eta duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoé béak dua bungkus wé, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, komo deui sapuluh tahun geura we pék itung. Mun éta duit dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah atawa mobil." Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun éta bapa-bapa téh. Biwirna manyun, maju aya kana lima sénti mah. "Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ngora nanya. "Henteu jang, ti bubudak gé can pernah" "Bapa gaduh mobil ?" "Ah, boro-boro mobil, rompok gé ngontrak kénéh jang " "Abdi mah, mobil gaduh, rompok gé tos gaduh ", ceuk budak ngora bari ngaleos. Si bapa ngan ukur olohok -dul- tukangteuing ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

