Sakalian euy, seurieus ieu mah, kuring hayang nganuhunkeun ka nu ngararoko. Nganuhunkeun kulantaran ku lobanana masyarakat urang nu ngaroko pangaruhna gede pisan ka kesejeahteraan puluhan rebu jelma.

Di urang aya puluhan rebu malah meureun leuwih ti eta nu rezekina datang syariatna ngalangkungan industri rokok. Loba bapak-bapak nu nafkahan anak jeung pamajikanana alatan gawe di industri rokok. Aya sales rokok, aya spg rokok, aya tukang IT rokok, aya direktur rokok, aya distributor rokok, aya buruh nu ngalinting rokok, aya tukang dagang asongan rokok, jeung saterusna.

Hatur nuhun kanggo para perokok. Ngan hiji pamenta kuring ka para perokok. Mun rek ngarokok pastikeun ewueh jalma nu ka ganggu ku kebul rokok. Karunya ka nu boga asma, karunya ka babayi, karunya ka ibu-ibu hamil, karunya ka nu sejena nu embung paru-paruna kotor ku kebul rokok.

Pan sigana urang teh geus berbuat zolim mun urang ngeunah-ngeunah ngelepus udud sementara tatangga di sagigireun nutup rapet irungna ku cerecet alatan embung menghisap kebul rokok. Urang zolim mun urang ngaroko sementara nu diuk sagigireun urang asmana kambuh gara-gara asap rokok urang.

Tos heula ah ngacaprukna. Tuh...install Linux Ubuntu urang error geuning. Rek dibenerkeun heula.


On 10/07/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana
model ayeuna, make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung
jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna.
Leungeun kenca-na diasupkeun kana kantong jaketna. Rokok nu aya
dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu nikmateun pisan,
tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan gé
satengahna, lung wé rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku
sapatuna.

Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana
melong. Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui.
Papelong-pelong.
"Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekrés deui nyeungeut rokok.
"Ah henteu", ceuk bapa-bapa, "Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah wé
eta duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoé béak dua
bungkus wé, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna
saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus
sabaraha, komo deui sapuluh tahun geura we pék itung. Mun éta duit
dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah atawa mobil."

Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu
ngartieun éta bapa-bapa téh. Biwirna manyun, maju aya kana lima
sénti mah.

"Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ngora nanya.
"Henteu jang, ti bubudak gé can pernah"
"Bapa gaduh mobil ?"
"Ah, boro-boro mobil, rompok gé ngontrak kénéh jang…"
"Abdi mah, mobil gaduh, rompok gé tos gaduh…", ceuk budak ngora bari
ngaleos.

Si bapa ngan ukur olohok …

-dul-
tukangteuing




--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke