|
muhun ngiringan nambihan hiji carios... kieu... aya beja ceunah jalmi anu pang panjang2na umur teh aya di nagara china...duka namina mah....duka zeng seng...duka tun tung seng... anjeuna teh istri yuswana kirang langkung 128 th. tapi jagjag keneh. hiji waktos aya wartawan anu ngadongkapan anjeuna... teras weh tumaros ka nini eta teh... w : nini...anjeun terang teu ayeuna yuswa teh tos sabaraha?... N : ...nya aya nu nyarioskeun tos langkung ti 130 tahun, aya nu nyebatkeun langkung ti 120 th....nini oge hilap deui... w : muhun...abdi ge kenging saur ti kepala desa didieu... saurna mah dina catetan mah nini teh tos 128 th... N : Muhun...kirang langkung mah sakitu... w : Naon rusiah na atuh ni dugika yuswa teh sakitu panjangna...? N : ah...naon nya??...asa teu aya rusiah2an....mung upami nini mah saayana weh...dina tuangeun...mung hui2an...lalab2an... mendak daging mah asa tos lami pisan...nuju ngora weh...eta ge asa ngan kantos 2 kali weh...kadieukeun mah...tara pisan... w : oooohh........eta panginten nya rusiahna... N : panginten cep.... keur ngobrol kitu...si wartawan ningalian si nini sareng kaayan bumina si nini... aya haseup ngebul tina lolongkrang jandela... W : Niiii...eta haseup naon ni? asa bau roko...putra nini,atanapi incu?... N : ooooooohhhhh........eta muhun...nu ngaroko teh...pun bapa..... w : [EMAIL PROTECTED]@@[EMAIL PROTECTED]@######!!!... aqis fairuz wrote: __._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Dongeng : Udud maman durahman
- Re: [Urang Sunda] Dongeng : Udud jaka

