talung-talung keur pajajaran
jaman keur aya keneh kuwerabekti
jaman guru bumi dipusti-pusti
jaman leungit tangtu eusina metu
euweuh anu tani kudu ngijon
euweuh anu tani nandonkeun karang
euweuh anu tani paeh ku jenkel
euweuh anu tani modar ku lapar
(Pantun Bogor : Kujang di Hanjuang siang, Sutaarga 1984:47)
Dinegara Pakuan sarugih
murah sandang sarta murah pangan
ku sakabeh geus loba pare
berekahna Dewa Guru
anu matak kabeh sarugih
malah ka nagri lain
geus kakocap manjur
Dewa Guru miwarangan
ka Ki Semar: maneh Semar geura Indit, leumpangan ka nagri pakuan
(Wawacan Sulanjana: Plyte 1907:88)
Mun ningali ka eta wawacan jeung pantun teh geuningan baheula mah di pajajaran teh nagara nu beunghar ku sandang jeung pangan, ieu oge tos dibuktoskeun oge basa ngaprak ka salah sawios arca domas di bogor numutkeun masarakat eta wewengkon baheula aya nu namina leuit salawe jajar nyaeta  25 kali 25. Buktos nagara pajajaran beunghar oge jalur maritim teh tos maju malihan tos ngawangun sabaraha palabuan diantawisna di banten, pontang, cikande, tangerang, sunda kalapa karawang jeung cimanuk. Hiji deui buktos yen karajaan pajajaran makmur teh ku seurna tempat peribadatan (situs), nya basa aya ngapruk sareng rengrengan ti Hanjuang Bodas jeung padepokan Giri Sunda Pura milarian batu-batu nu kawas punden berundak, menhir teh geuningan meni pabalatak nya aya segi negatifna urang sararera disangka bisa ngomong jeung batu tuluy disangka mumuji batu nya geuningan masarakat sabuderan na tos ngartos ayeuna mah basa aya rengrengan ti FIB UI ngawarkeun ka masarakat ngeunaan situs arkeologi eta, malihan masarakat ayeuna mah mun aya samodel batu-batuan kitu langsung mere beja ka pupuhu na, nya ceuk Kang Agus tea mah ku seuseurna situ megalitik di Sindang Barang desa Pasir eurih ,nya dumuk na mah paeunteung-eunteung jeung bumina apih , eta hiji ciciren yen pajajaran teh benghar tur makmur. Aya deui nu kiwari masih ciciren rahayat pajajaran beunghar teh nyaeta ayana seren taun (http://serentaunsbr.multiply.com, http://geocities.com/serentaunsindangbarang), ieu seren taun teh sok dijalankeun waktu pajajaran (pakuan) baheula nya mun tea mah sukuran hasil tatanen, kiwari seren taun oge masih keneh aya di kokolot banten kidul (pancer pangawinan) jeung di bogor, tah mun di bogor mah nu tos dihudangkeun deui salami 30 tahun seren taun teh basa serentaun di sindang barang , jeung rada ngoreksi ieu seren taun di sindangbarang teh sanes seren taun 17-an tapi ieu seren taun teh tos tikapungkurna aya salila 30 tahun, ngan salami 30 tahun teu aya teh, saleresna mah aya ngan skala na alit paling di tiap RT sewang-sewangan, tah basa kamari serentaun teh di ayakeun deui ngan skalana gede kusabab tiap RT dihijikuen. Seren taun oge mun sok urang ngadenge jeung ningali teh seren taun di banten kidul atanapi di sukabumi. Nya salahsawiosna basa 8-9 juli 2006 ti rengrengan Hanjuang bodas,Gentra Kaheman IPB jeung Padepokan Giri Sunda Pura sindangbarang kaleresan dongkap ka serentaun nu digelar di Kokolot Cipta Mulya Kampung Sirna Resmi nu jadi kokolot kampungna Ua Uum . Ari kokolot Cipta Mulya teh sakampung jeung kokolot sirnaresmi abah asep. Ari Kampung Sirnaresmi  di belah utara batesna jeung kabupaten lebak, di belah timur jeung kacamatan kalapa nunggal di selatan jeung barat desa Cicadas. Masarakat kokolot nu aya di pagunungan Sangga Buana ieu mimitina teh ti hiji kampung nungaranna Guradog (di daerah Bogor), ari ngaranna Sirnaresmi teh dimimitian ku ayana kakacauan ku DI/TII di Cicemet. Akibat ku eta warga teh pindah ka hiji tempat keur ngahuma jeung ngebon, di tempat eta nyieun imah, tuluy weh ngababakan nu dingaranan Cikaret. Saluyu jeung parubahan jaman jeung partumbuhan wargana jadi weh kampung. Dinu Tahun 1959, diayakeun partemuan masarakat Bogor, Sukabumi, Lebak, Pandeglang jeung Serang. Nu di luluguan ku KOREM Surya Kencana. Sabilulungan maranehna nyieun kaamanan keur DI/TII nungaranna 'Pagar Beutis'. Diijinan ku Ama Rusdi, salaku pupuhu eta kampung jeung kokolot kampung, 'Juru Penerangan' Kacamatan Cicurug, Bapak Muchidik, ngusulkeun ngaganti ngaran cikaret ku Sirnaresmi. Tuluy weh di kukuhkeun ngaranna ku Mayor Isak Djuarsa, Danrem Surya Kencana Bogor. Ari ngaran Sirna hartosna leungitna kakacauan ti karusuhan nu dilakukeun ku DI/TII jeung ari hartosna resmi teh leuwih ti kabentukna kampung nu aman jeung Sah. (Andya Ayu Ningrat, IPB 2004)
Ari Ciptamulya ieu kaasup ka Pancer Pangawinan, bisa ditingali tinu tipulung/teleukueng ku masarakat sapopoe di pake. Beda deui jueng urang Kanekes, da basa jeung urang kokolot Citorek ka Kanekes nembus Ka Cibeo,Cikertwarana jeung Cikeusik nepungan Jaro jeung Puunna beda pisan tipulung/talekung teh , ari di kanekes mah serba bodas, atawa aya semu ungu-an ari di kokolot banten kidul mah aya hideung mutlak jeung bodas. Ari pilosofisna mun keur urang kanekesmah warna bodas atawa ungu dinu tipilung/taleukung teh eta mah simbol nu keur mandala, matakna urang Citorek mah jarang. Balik deui ka Ciptamulya, diayakeunna Seren taun teh salahsahiji sukuran hasil bumi boh sawah,huma jeung rupa-rupa deui. Nya basa kamari ti rengrengan Hanjuang Bodas,Gentra Kaheman IPB jeung Padepokan Giri Sunda Pura ka dinya teh pas poe sabtu teh pas dongkap teh tos di sambut ku bedug lojor tuluy weh urang sakabehan di tampi ku Abah Dai jeung Ua Uum keur mah Sindang Barang teh duduluran jeung Cipta Mulya teh, tuluy urang kabehan asup ka imah gede di suguhan mangrupa kadaharan khas tatar sunda nu aya di Ciptamulya , saanggeus kitu teu lila urang sakabehan dahar, nu matak waasna da geus lila teu dahar jeung sangu bereum, nya ari deungeunna mah sarupaning lauk asin, tuluy weh cek kanu daging kebo da parangsa teh lain daging kebo, tapi jiga daging sapi jeung teu liat jiganamah nu masakna jago. Tah tuluy weh rombongan teh sare di tilu imah kusabab rombongan urang aya kanu 30 urangna kaasup Kang Anis Djatisunda. Jeung panitia teh langsung weh nganteur ka imah nu bakal jadi tempat urang mondok. Nu matak waasna teh didieumah sora lisung basa peutingna jeung pamandangan na, beut ingeut basa nepungan jaro cikeusik babarengan jeung urang citorek jeung cibedug,jeung puunna, lempang ti ciboleger ka cikeusik teh kuat ngahegak aya sapoe lilana dituluykuen deui ka wewengkon naga jeung cinakem tuluy weh tungtungna di wewengkon citorek,eta pamandangan teh teu jauh sarua jeung didinya.Nya ari rengrengan mah nyumbang ngareog pas saptu peuting na teh,ari kasenian nu dipontonkeun teh dibuka ku ngagondang, tuluy ngareog, jueng jaipongan. Basa isukanna poe minggu acaran teh dimimitian jam 7-an , ari judulna mah "Raraga Sukuran Adat Seren Taun Kesatuan Adat Banten Kidul Kokolot Cipta Mulya Desa Sirna Resmi 8-9 Juli 2005" .Acara teh dimimitian ku tatalu lisung ibu-ibu aya kanu dalapan ibu-ibu teh, laju bae acara teh disusul ku kasenian debus jeung ngarangkong, ngan didieu mah nu ngarangkong teh aya genepan disusul ku bedug lojor. Ari tempat na mah di alun-alun kokolot Sirna resmi dimana, di belah timur aya ajeng jeung leuit sijimat dibelah utara aya imah gede dibelah selatan aya balandongan paragi tempat pameran di eta balondongan dijual hasil-hasil tatanen jeung kasenian kawas turubuk,jagong,sayuran,boboko aseupan kaneron jeung rarea deui. Jadi ieu kawas tilu mata angin mun ceuk arkeologinamah zona atas, zona tengah , jeung zona bawah. Laju bae acara teh di pungkas ku nyimpen pare ka Leuit Sijimat.
nyambung....
paralun
beusi nyatur nakul galur
beusi nyarita pasaliya seja
beusi ngalalakon pacorok omong
paralun
(pantun bogor)

Pun Yayan
http://www.geocities.com/serentaunsindangbarang
http://serentaunsbr.multiply.com
http://www.geocities.com/jajaka_subang


The all-new Yahoo! Mail goes wherever you go - free your email address from your Internet provider. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke