Tapi kangge PNS mah angka 13 teh angka anu kacida sae-na…

Sanes kitu akang teteh..?

 

Dian Ardiansyah

0813 80 17 1943

www.dianardiansyah.com


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Mae West
Sent: 12 Juli 2006 18:05
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Angka 13

 

Kapungkur nuju damel di San Francisco anu alamat na 108 Howard Street, ungal enjing lebet kana elevator da kantor teh di tingkat 7. Eta bangunan teh 14 tingkat luhurna, tapi anu pangluhurna teh tingkat lima belas da tingkat 13 mah teu aya. Janten eta kapercayaan memang global sanes di urang wae.


Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Angka 13..........

Sabenerna mah, geus ti sababaraha waktu ka tukang kuring teh hayang nyaho naha angka 13 teh disebut angka sial.
Ngan kusabab euweuh waktu, akhirna mah kahayang nyaho teh rada pupus. Mucunghul deui teh sabab sacara teu dihaja,
5 minggu ka tukang kuring merhatikeun nomer korsi dina pesawat. Harita kuring meunang korsi no 14. Ngahaja korsi teh ku kuring
dipapay. Barang anjog kana korsi nomer 12, kuring rada heran, naha ti 12 langsung luncat ka nomer 14.
Teu loba carita harita mah, langsung we diuk bari rada heran ge.

Kabeneran harita teh kuring nyambung ngapung ka hiji kota di Eropa. Tamba kesel, kuring mapay nomer korsina.
Matak heran deui wae, korsi nomer 13 mah euweuh. Ari sugan teh urang barat mah geus teu percaya kana nu kararitu teh, singhoreng teh masih keneh.

Ti saprak harita, akhirna kuring mikir, berarti kapercayaan yen angka 13 teh angka sial geus jadi kepercayaan anu global.
Sok sanajan teu kabeh bangsa angka sial na nomer 13. (Siga Indonesia anu angka sial na teh lain 13 tapi 12. Sok loba nu ngomong pan "wah euy cilaka 12".. :-)  )

Nu jadi pertanyaan kuring, naha loba jalma nu yakin yen angka 13 teh angka sial?? Geus aya can nu ngitung
make elmu statistik yen angka 13 teh angka sial??

Sateuacanna hatur nuhun ka baraya anu tiasa masihan bongbolongan ka kuring.

Kuring kungsi maca salah sahiji carita anu aya hubunganna jeung angka 13.

Di taun 1307, Paus Clement V babarengan jeung raja Philippe IV ngaluarkeun surat parentah ka sakumna prajurit di Eropa. Surat eta teh karek meunang dibuka
tanggal 13 Oktober 1307. Singhoreng, eusi surat eta teh mangrupakeun parentah jang ngamusnahkeun "Ksatria Templar" nu harita teh mangrupakeun sakumpulan
ksatria nu boga kakawasaan kacida gedena di Eropa. Naha ieu teh salah sahiji hal anu ngajadikeun angka 13 teh angka sial???

regards,
Reddy

Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533

       

 

 


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke