>   From: MRachmat Rawyani
>   tapi anu aneh sareng lucuna mah jaman
>   Mendikbud Wardiman Djojonegoro. Pan salami janten
>   birokrat teh teu kantos ngajar. Naha atuh sabada
>   janten menteri UNPAD ngukuhkeun janten profesor. Dina
>   aturan, saleresna mah profesor teh hiji panghargaan ti
>   pamarentah ka tenaga pendidik anu tos ngabaktikeun
>   dina widang pangajaran, atikan, kalayan teu aya cacad
>   sareng gaduh prestasi anu pinunjul dina widang
>   kaelmuanana.

Kang Rahmat, lamun teu lepat di taun 1976, ITB masihan gelar 
Professor luar biasa ka Pa Habibie. Waktu diistrenkeunana, di Aula 
Barat ITB, kuring ngareungeu pidato Pa Habibie dina speaker di luar. 
Harita ge seeueur nu ting harewos, ari Pa Habibie ngajar di ITB kitu? 
jeung ti iraha?

Gelar Professor, sigana gelar "gagah". LIPI oge ayeuna mere gelar 
Professor ka panalungtikna. Istilahna Professor Riset. Forum Rektor 
kantos ngritik soal gelar "professor riset" ieu. Di Kompas aya 
tulisan Dr Tjia May On (kebeneran pembimbing kuring baheula) nu oge 
ngritik soal "professor Riset" ieu. Jadi weh gelar Prof 
teh "diparebutkeun" .....

Baktos,
WALUYA

 

 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke