|
Lolobana diwidang properti anu nganggap 13 angka
sial teh, timimiti nomer imah,lift, lantai bangunan, mun tas dua belas sok
ngaclog ka opat welas, atawa nomer imah sok jadi 12A. Baheula inget keneh basa
usum pemilu, PAN kabagean nomer 13, atuh dina teu suksesna ge aya jang alesan,
ujung ujungna angka tiluwelas jadi katempuhan buntut maung. Saenyana ngan ukur
tahayul,kajadian anu dianggap sial lantaran aya angka 13an ngan ukur kaparengan
wungkul, bener henteuna mah wallohualam. Baheula basa kuring dijurukeun ku ema,
rada reuwas campur hariwang lantaran barang brol ka alam dunya kareret dina
kalender marengan tanggal 13, niat mah hayang balik deui kajero rahim nungguan
sapoe atawa dua poe deui sangkan liwat ti tanggal 13 atawa
nungguan sabulan deui susu ganan aya nomer cantik, ngan teu wasa antukna
ngan ukur bisa goar goar ceurik bari terus
diasongan susu made in ema panyesaan lanceuk lanceuk kuring baheula.
Kabahdieukeun sok ras ka angka 13 teh mun dina beus sajok jeung nini nini.
Jadol!
Cenah mah di korea jeung singapur mah nu kaasup
angka sial teh angka opat, tapi teu beda diurang ge angka opat sok dianggap
angka sial oge pangpangna ku sabagian awewe, eta we sok aya nu ngomong kieu
"Sial euy, maenya uing dijadikeun pamajikan nu kaopat!"
syam ridwan
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, July 12, 2006 9:42
PM
Subject: [Urang Sunda] Angka 13
Angka 13..........
Sabenerna mah, geus ti sababaraha waktu
ka tukang kuring teh hayang nyaho naha angka 13 teh disebut angka sial.
Ngan kusabab euweuh waktu, akhirna mah
kahayang nyaho teh rada pupus. Mucunghul deui teh sabab sacara teu dihaja,
5 minggu ka tukang kuring merhatikeun
nomer korsi dina pesawat. Harita kuring meunang korsi no 14. Ngahaja korsi teh
ku kuring dipapay. Barang anjog kana
korsi nomer 12, kuring rada heran, naha ti 12 langsung luncat ka nomer
14. Teu loba carita harita mah,
langsung we diuk bari rada heran ge.
Kabeneran harita teh kuring nyambung ngapung ka hiji kota di Eropa.
Tamba kesel, kuring mapay nomer korsina. Matak heran deui wae, korsi nomer 13 mah euweuh. Ari sugan teh urang
barat mah geus teu percaya kana nu kararitu teh, singhoreng teh masih
keneh.
Ti saprak harita, akhirna
kuring mikir, berarti kapercayaan yen angka 13 teh angka sial geus jadi
kepercayaan anu global. Sok sanajan
teu kabeh bangsa angka sial na nomer 13. (Siga Indonesia anu angka sial na teh
lain 13 tapi 12. Sok loba nu ngomong pan "wah euy cilaka 12".. :-)
)
Nu jadi pertanyaan kuring,
naha loba jalma nu yakin yen angka 13 teh angka sial?? Geus aya can nu
ngitung make elmu statistik yen angka
13 teh angka sial??
Sateuacanna
hatur nuhun ka baraya anu tiasa masihan bongbolongan ka kuring.
Kuring kungsi maca salah sahiji carita
anu aya hubunganna jeung angka 13.
Di taun 1307, Paus Clement V babarengan jeung raja Philippe IV
ngaluarkeun surat parentah ka sakumna prajurit di Eropa. Surat eta teh karek
meunang dibuka tanggal 13 Oktober
1307. Singhoreng, eusi surat eta teh mangrupakeun parentah jang ngamusnahkeun
"Ksatria Templar" nu harita teh mangrupakeun sakumpulan ksatria nu boga kakawasaan kacida gedena di Eropa. Naha
ieu teh salah sahiji hal anu ngajadikeun angka 13 teh angka sial???
regards, Reddy
Technical
Dept. Ph. +62 31 8964555, ext 2533
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___
|